wa apih, sikuring ge pernah maca nu kieu teh dina seratanna kang eddy nugraha, nu dijejeran "munjung ka sato". mangga kotektak dina pabetekan milis us geura...
ieu aya penggelanna: (1) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian 'satire' penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma 'bodo' mah 'dipiharep' bakal dianggap sakadar dongeng ubar tunduh jadi moal aya nu ngarasa 'dinyerikeun tur di uar-uar', urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua dina carita sangkuriang: Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna Bagong. Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang nu jadi carita. Malah pernah rame nyebutkeun yen urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong. Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu: Baheula aya raja sunda nu hiji waktu 'safari' ka kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong (bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan –kalandepan jaman harita – ayeuna ge loba keneh nu moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging. Teras weh 'kiih'na di inum 'bagong' (saresmi). Gaduh putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi. Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah-dugikeun ka dilingkungan karaton ge 'kaasingkeun' seueur 'kapoyok'. Ku papada putra sa Bapa ti istri-istri raja sareng kalangan karaton sok dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja daerah atanapi raja bawahan/patalukan. Nya sadidinten gaduh 'realm' (pagawean umumna jaman harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya diantawis eta dua jalmi papada 'akrab' tur lunsur asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat. Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge di'bentenkeun' ku papada, nu karaos asih haat nulung sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun karaton. Sok sanaos kaputusan anjeuna 'mahiwal' nikah sareng pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti 'cacah', ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh pangkat putri raja….di eta mandala mah Dayang Sumbi kenging panghormat somah nu nyugemakeun….terasna mah hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang Guriang lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa karaton… ….. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang Tikoro). Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia, bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh menak da ngeunah. ---- sikuring, dh On 2/20/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina bagian sasakala anu dicarioskeun diluhur, aya tilu perkawis anu disandikeun ; 1. Istri urang lembur (leuweung) anu disandikeun ku ; bagong bikang. 2. Pangawal anu satia anu disandikeun ku ; anjing/si "Tumang" 3. Raja katarik birahi anu disandikeun ku ; raja hoyong kahampangan (punten...). Sakitu, punten upami sim abdi lepat. Pihatur ssw
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

