Horrr..kutan kantos aya nu mostingkeun...??
punten we atuh teu kaparengkeun maos eta seratan ....
ari jalur carios dina eta sasakala mah nya tangtos sami...
mung perkawis nyandikeun/nyilibkeun hiji tokoh atanapi kajantenan, eta mah
pamendak
sim abdi, balas ku sering ngemutan karuhun bangsa Korea anu keukeuh ngaku
turunan "Tangun"(manusa dewa anu turun ti langit di gunung Baekdu) sareng
biruang bikang, dugi ka di Korea aya hiji agama/kapercayaan anu nyembah ka
Tangun.
Sabaraha welas taun kapengker, sim abdi kenging kacindekkan yen "Tangun" teh
hiji jalmi turunan/kulawargi wangsa "Tang" anu kantos ngawasa di daratan Cina.
Malihan eta pamendak teh dugika ngabalukarkeun pagetreng sareng pun bojo,
heuheuheu...
Nembe dina taun 2000an dina TV KBS, dina acara nalungtik sajarah, aya tim
sajarah Korea anu hasil mendakan eta kecap "Tangun" teh, nyaeta hiji jabatan
kapala daerah dina jaman karajan Kugoryo, anu ngawasa sabagian daratan China
kaler-wetan dugika sabagean daratan Korea palih kaler.
Upami biruang ku sim abdi dihartoskeun wanoja gunung, tiasa anak paninggaran
(tukang moro) tiasa anak hiji pandita anu ngisat diri, wallahu alam..,
dugika ayeuna
teu kantos kakuping, duka teu katalungtik, duka teu dibewarakan kanggo
ngaragangan
ka salah sawios golongan.
Tidinya, ras emut bae kana carios/dongeng/sasakala dilembur, anu sok
nyabit-nyabit
ngaran sasatoan.
Sakitu,
ssw
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
wa apih, sikuring ge pernah maca nu kieu teh dina seratanna kang eddy
nugraha, nu dijejeran "munjung ka sato". mangga kotektak dina pabetekan milis
us geura...
ieu aya penggelanna:
(1) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian 'satire' penting nu kaalaman
ku luluhur supaya bisa kaharti ku jalma-jalma budiman wungkul, ari ka
jalma-jalma 'bodo' mah 'dipiharep' bakal dianggap sakadar dongeng ubar tunduh
jadi moal aya nu ngarasa 'dinyerikeun tur di uar-uar', urang caritakeun salah
sahiji conto nu kadua dina carita sangkuriang:
Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna Bagong.
Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang nu jadi carita. Malah
pernah rame nyebutkeun yen urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong.
Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu: Baheula aya raja sunda nu
hiji waktu 'safari' ka kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan mendakan
wanoja donto matak pantes dikias keun bagong (bagong oge sato leuweung nu
dagingna ngeunah pisan kalandepan jaman harita ayeuna ge loba keneh nu moro
bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki umumna urang tionghoa). Nya
dasar raja sagala kenging. Teras weh 'kiih'na di inum 'bagong' (saresmi). Gaduh
putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi.
Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten putra, ieu putri teh
ngaraos prihatin margi sanes putra ti menak - putra selir ti kalangan
cacah-dugikeun ka dilingkungan karaton ge 'kaasingkeun' seueur 'kapoyok'. Ku
papada putra sa Bapa ti istri-istri raja sareng kalangan karaton sok
dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi paling henteu istri raja mah
kedah ti putri raja daerah atanapi raja bawahan/patalukan.
Nya sadidinten gaduh 'realm' (pagawean umumna jaman harita keur awewe ninun)
nyalira tara seueur ngumpul jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal
sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu satia (silibna anjing sato
nu satia kadunungana). Nya diantawis eta dua jalmi papada 'akrab' tur lunsur
asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat. Dugikeun ka dina hiji
waktos gaduh kasesah nu nulungan teh teu aya deui iwal ti eta pangawal.
Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge di'bentenkeun' ku papada, nu
karaos asih haat nulung sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah mutuskeun
anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun karaton.
Sok sanaos kaputusan anjeuna 'mahiwal' nikah sareng pangawal, bari asalna oge
putra raja mahiwal margi ti 'cacah', ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh
dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh pangkat putri raja
.di eta
mandala mah Dayang Sumbi kenging panghormat somah nu nyugemakeun
.terasna mah
hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang Guriang lain sangkuriang
(Guriang hartosna patapa lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina
Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung marapi jenengan nu kawarti Nyi
Indang geulis = patapa istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa karaton
.. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang Tikoro).
Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia, bagong silib jalma cacah
kampung tapi dipikabogoh menak da ngeunah.
----
sikuring,
dh
Recent Activity
8
New Members
2
New Photos
Visit Your Group
Give Back
Yahoo! for Good
Get inspired
by a good cause.
Y! Toolbar
Get it Free!
easy 1-click access
to your groups.
Yahoo! Groups
Start a group
in 3 easy steps.
Connect with others.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda