Teh Roro, ari kuring mah soal Hercules teh sok inget dongeng transmigran. Baheula pan ari ngirim2keun transmigran teh make hercules. Tah caritana si Emang Transmigran nu ngadongeng ka kuring teh dianteurkeun ka tempat anyarna make Hercules. Cilaka barang tepi ka Bandara tujuan, roda banna teu bisa kaluar. Atuh kukurilingan ngurilingan bandara, da rek ngadarat darurat. Para transmigran sanajan urang kampung oge, lila-lila ngarti kunaon kapal puah-puih wae henteu turun. Dibejaan ku crew nu AURI, yen kapal teh roda banna teu daek kaluar. Dasar AURI ...... sanajan keur darurat oge, bisa keneh heureuy, "Rojok geura Mang ku rancatan palebah dinya!" Si Emang nu gempeur, nurut, rancatan dirojok-rojok palebah roda kapal......... eh ari gulawing teh roda kaluar. Akhirna Hercules turun kalawan salamet.
Teuing bener, teuing henteu tah dongeng transmigran teh. Kuring baheula sering naek Hercules, bogana Merpati ari ka Palembang ti Bandung, tapi kapalna geus dingeungeunah teu asa teuing naek "treuk", geus make tekanan udara, jadi teu gandeng teuing ngan tetep we handaruan ........ Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Roro Rohmah Nuhun Kang Eddy, abdi ge nembe jelas ayeunamah Dina gambar nu kahiji, manawi teh eta kapal udara nuju ngetem ngantosan panumpang di kebon cau. Naaa disidik-sidik teh ciga es lilin geuning . didorong-dorong heheh Bari pakepux, abdi ngobrol sareng rerencangan saruangan nu sami tilas anak AURI, saurna,Urang mah tipada naek Adam Air nu gandeng gugurudugan jaba sieun sapaparat jalan antara paeh jeung hirup, ningan naek Hercules puguh deui leuwih alus jeung haratis, bae diukna pahareup-hareup ciga na angkot ge. Mun aya nanaon kari luncat da ongkoh sok dipake terjun payung ku tangtara...hahah". ro2

