soal kasieun manusa kungsi oge diguar ku filsuf gelo turunan viking, soren
kierkegaard. menehna nyebut istilah eta, anxiety. cek si eta mah, kasieun
jeung kacuriga teh geus watek manusa.

cek pikiran sekuler, siga dina sajarah ayana kapercayaan atawa beh dieu
agama, katoong yen dasarna pisan manusa baroga kapercayaan atawa agama teh
alatan boga rasa kasieun eta. sangkan salamet nya neangan nu leuwih kuasa
ti manusa. baheula mah sato nu pikasieuneun oge dianggap dewa, disembah,
dijieun patungna, totem tea, jeung sajaban.

matak waas karuh noong lalakon manusa ti baheula mula, hirup jeung
ngahirupan hirupna di alam dunya.

detil soal soren kierkegaard mah he love deui, tapi asa kungsi ditulis
dina novel Louisiana Louisiana. sanes iklan, ngan bilih hoyong apal. hehe.


mj

http://geocities.com/mangjamal







Kirim email ke