bagea deui ki dulur, biasa, sikuring mah sok hayang ngarewong wae. heuheu...
sok hayang nyaho wae. kang teten naros cenah kang akang pangmedarkeun
babasan "carangka manjing curiga". diguar ku kang engkus. kuring mah beuki
nyoso, panasaran. nya nanya ka nu salila ieu jadi panageuhan. MG. euweuh euy
geuning carangka manjing curiga mah. dicobaan dipiceun kecap "carangka"-na.
manggih kalimah nu asalna tina ajaran jawa, "curiga manjing warangka,
warangka manjing curiga". curiga teh duhung alias keris, warangka nya
sarangka tea meureun. cek mg deui wae. cenah kalimah eta teh ngagambarkeun
kumaha pangeran ngahiji jeung mahlukna. kalimah "curiga manjing warangka"
oge aya dina kitab darmogandhul, cenah:
--
Sikut tęgęse singkuręn sakehing panggawe kang luput.
Ugęl-ugęl tęgęse sanadyan tukar padu, nanging yen isih padha
tręsnane iya ora bisa pędhot.
Epek-epek tęgęse ngępek-ngępek jęnęnge kang lanang, awit wong
wadon iku yen wis laki, jęnęnge banjur melu jęnęnge kang lanang. Iya
iku kang diarani warangka manjing curiga, warangkane wanita,
curigane jęnęnge wong lanang.
--
sugan,
dh
On 2/22/07, Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sugan teh, ari nyaah ka diri teh, laksanakeun kahayangna, lapar, bere
dahar, haus bere nginum, hayang ulin, bere mobil, hayang itu hayang ieu
bere, teu boga duit korupsi, keur diri sorangan, bae batur mah, antep bae.
Tah sigana ayeuna mah kitu seuseueurna , nerjemahkeun harti " kudu nyaah
ka diri teh "
!!!!!! ?????
*engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
Mangga kang Teten simkuring bade nyobian ngawaler ieu
patarosan manawa sareng manawi kaanggo, kitu oge
kidulur nu sanes tangtos oge aya nu tiasa medar
pamendakna.
Waleran simkuring kieu:
Carangka teh sami hartosna sareng kurung atanapi
waruga atanapi dirsakujur. Tah kolot urang nyebatkeun
yen "carangka manjing curiga" anu hartosna ceuk sim
kuring mah yen urang teh kudu ngabogaan
kacurigaan/kasieun sok bisi kurung teu kacumponan
pangabutuhna jeung bisi eta carangka/kurung dipake
migawe nu lain keur kaperluan kuring (nu welas-asih).
Apan sidik yen kurung teh mangrupakeun parabot kuring
pikeun nganyahokeun jeung ngalalakon di dunya, sidik
yen kurung teh nu nganteur kahayang kuring. Tah mun
geus boga rasa-rumasa, atuh kanyahokeun naon
pangabutuh kurung teh supaya kurung bisa nganteur
kahayang kuring, mun lapar bere dahar, mun halabhab
bere nginum, mun kapanasan iuhan, mun katirisan
haneutan, da kurung-kurung keneh nu migawena mah ngan
memang kudu dikanyahokeun jeung dipikanyaah ku
kuringna, ku saha deui atuh mun lain ku kuringna. Tah
di dieu hartina nyaah ka diri ("elmu karuhun sunda teu
ngajarkeun puasa meurihan beuteung atawa
nyepi-ngasingkeun diri ka leuweung ka gunung"), lamun
geus bisa nyaah ka diri hartina geus nyaah ka Gustina
(Sembah Hyang). Mun geus boga rasa rumasa nu tangtu
mikanyaah ka dirina (sembah hyang), atuh tangtu bakal
nyaah ka diri batur (ka sasama hirup), tah mun geus
bisa ngalaksanakeun mikanyaah ka sasama hirup (aya
istilahna nulung kanu butuh - nalang kanu susah -
nganteur kanu keueung - nyaangan kanu poekeun), tangtu
bakan nepi kana karukunan hirup. Cindekna mah urang
teh kudu boga rasa-rumasa, kudu nyaah ka diri, kudu
nyaah ka sasama, nu tangtu bakal nepi ka karukunan
hirup (apan eta tujuan manusa di dunya mah??) ===> Tah
kaayaan ayeuna mah geuning tebih pisan kana papagon
karuhun teh.
Nyanggakeun manawi katampi, ... Nuhun sun
--- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] <ki_umbara%40yahoo.com>> wrote:
> Haturan ka Sadayana,
>
> Upami ngadangu opat kalima pancer teh, sim kuring
> mah sok emut jaman kapungkur,
> waktos nini abdi masih aya, anjeuna sok nyebat2
> papat kalima pancer.
> Oge salian ti eta, aya istilah anu dugi ka ayeuna
> sim kuring masih acan paham.
>
> ete istilah teh nyaeta "Carangka manjing curiga"
>
> Tah kumaha wargi sadayana, aya nu terang maksadna
> eta istilah, kumaha Kang Engkus tiasa
> masihan bongbolongan?
>
> hatur nuhun
>
> - Teten-
>
>
>
,___
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: