Sampurasun Dulur - dulur ! ngabahas masalah hobby asa teu etis lamun disangkut pautkeun jeung ngabiayaan panti asuhan, da jelema usaha satekah polah jang hirupna heula. meureun geus digawe hese cape hayang salse refresing boga karesep nya diteuleuman. loba nu boga hobby aya nu kana nguseup, jalan-jalan. atomotif aya oge anu refresingna teh kana karaoke atau dikaroke !! tah kuring mah ngadukung kana sagala hobby da etateh obat setres . dikantor riweuh ku pagawean tah pas nguruskeun hobby rada poho.
tah dulur - dulur saya ge resep kana otomotif teh. tapina kana motor buatan Italy (Vespa) murah meriah cenah !! tapina kana motor gede kawas AJS,Norton, BMW, Triump jrr. saya resep !! tapipna can kabogaan. Tapi saya boga info sugan aya nu resep Motor Puch tahun 50 an. 125 CC double piston. body weuteh tapina mesin anu hiji geus di bonkar nu hiji deui weuteuh keneh (2 mesin) . sugan aya info nu bisa menerkeun

