abdi lahir , gede di Jakarta.
  sadidinten di bumi nyarios ku basa indonesia. tapi ti mimiti tiasa  maca, 
abdi tos macaan majalah Mangle sanaos teu ngartos naon hartina.  diejaan we 
hiji2....i-e-u na-on...hihihi......
  tapi ari tos ageung mah macaan majalah sunda teh janten hiji hal nu teu  
tiasa leungit,janten kabutuhan kanggo abdi. kumargi aya hal nu teu  tiasa 
dijabarkeun (duka mun di jatengkeun atanapi di jatimkeun  mah..hehehe..)
  Basa sunda kanggo abdi mah kadangu endah pisan, ringan, naon deui  
nya...pokona mah abdi bangga janten urang sunda.....mun ayeuna seueur  urang 
sunda nu teu nyunda, wah...
  tapi aya oge hiji gal nu ku abdi matak pikahariwangeun..
  ningali barudak sakola ayeuna....
  sok we dangukeun....maranehna seueur nu nyarios nganggo basa sunda
  tapi dietang2 seueur diembohan ku kecap2 nu matak risih ...
  contona kieu, basa 2 dinten kalangkung abdi naik angkot, di payuneun  BSM 
angkot teh ngetem, aya barudak SD duaan ngalangkung. kawasna moal  leuwih ti 
kelas 3-4 an lah...
  duanana karasep, bersih, cirining budak jalmi nu boga lah..
  ngobrol nganggo basa sunda tapi dina hiji kalimat teh nyebat (punten..) 
"anjing.." na meuni sababaraha kali...
  
  "anjing,,,maneh teu nyaho sih...anjing geura eta...lieur urang mah,anjing...."
  huehehehehe.........abdi teu terang kedah reueus atanapi ceurik  ngadangu 
barudak nyarios basa sunda siga kitu.........................
  
  PS : Bos saya orang jogya asli, tapi kalau ditanya asalnya dari mana, dengan
          bangga dia selalu menjawab,"abdi mah dari sunda..." dengan logat 
sunda 
          yang kental. ah.......sunda memang hebring....HIDUP PERSIBB...!!!!
  
  

Lygia Nostalina,SH  
Operational Manager Pacific Data network  
telp. 08179265770 office. 022-7835099 - 7810017  
www.pecintahujan.multiply.com  
[EMAIL PROTECTED]
 
---------------------------------
 Get your own web address.
 Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.

Kirim email ke