Kang Smith,
  Cobi tepangan Abah Surya di Sundanet. Insya Allah, anjeunna iasa nuduhkeun 
kedah kamana kamanana. (Taun 70-an, upami teu lepat, anjeunna kantos 
narjamahkeun sawatara drama Shakespeare kana Basa Sunda -- nu dipentaskeun ku 
Teater Sunda kiwari. Ieu teater minangka teater Sunda pangmodernna. Lian ti 
basa, dramaturgina oge nyandak dramaturgi Barat -- kalebet nu disebat 
"kontemporer" tea. Sanaos, kadieunakeun, katingalina aranjeunna marulih deui 
kana dramaturgi teater tradisional Sunda -- sapertos lenong, longser, atanapi 
topeng. Bandingkeun sareng STB nu, cenah, mere wanda Sunda kana teater-teaterna 
-- nu dipentaskeun dina Basa Indonesia. Kalih ti eta, kapungkur, di Bandung aya 
sawatara grup Sandiwara Sunda nu neraskeun dramaturgi Barat ala Dardanella 
sareng Galih Pakoean. Di antawisna grup Sinar Muda, nu puseur sareng panggungna 
di Tegallega. Kiwari, di Jakarta, aya Miss Tjitjih).
   
  Arthur S.Nalan, Saini KM, sareng sawatara dosen ASTI iasa oge janten 
panarosan. Kalebet perkawis teater Sunda tradisional nu disebat tadi. Wilujeng.
   
  Baktos,
  Pun Maman
    
   
  

ading Smith <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    bismillahirrahmanirrahiem
   
  Sampurasun...
  sateuacanna nepangkeun sim kuring mahasiswa smester IV sastra sunda UNPAD 
kaleresan dina smester ieu sim kuring nyandak mata kuliah telaah drama, anu 
dina smester ieu eta mata kuliah teh ngawajibkeun sim kuring ngayakeun hiji 
presentasi ngeunaan Perkembangan Drama Sunda, kukituna sim kuring neda bantosan 
saderek sadayana nu langkung senior sareng lakung terang perkawis drama, sim 
kuring peryogi pisan kanggo referensi sareng pami aya mah sim kuring oge 
peryogi salah sahiji naskah drama pikeun panalungtikan sim kuring. 
   
  hatur nuhun kana sagala perhatosan sareng bantosanana, diantos pisan 
waleranana...
  hatur sewu nuhun....
   
  baktos
  pun salma


    
---------------------------------
  Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.  

 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Kirim email ke