Punten nembe kaaos. Manawi teh teu acan aya nu ngawaleran. Teu sawios, nya...
   
  Baktos,
  Pun Maman

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Perkembangan Drama Sunda, langkung sae dicobian ngahubungi Bapa Dadi 
Danusubrata, bumina di Margawangi RT 01 RW 17, anjeuna ti Teater Sunda Kiwari 
nu maneuh ngagelar lomba Drama Sunda meh unggal taun.
  Dina kaping 23 Maret 2007 nu bade dongkap ge bade ngayakeun pagelaran drama 
Sunda di Rumentang Siang.
  Enjing insya Alloh no telepon anjeuna di posting via japri, bade ditaroskeun 
heula.
   
  MSasmita
   
   
    ----- Original Message ----- 
  From: ading Smith 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, February 24, 2007 9:16 PM
  Subject: [Urang Sunda] bade tumaros perkawis drama
  

  bismillahirrahmanirrahiem
   
  Sampurasun...
  sateuacanna nepangkeun sim kuring mahasiswa smester IV sastra sunda UNPAD 
kaleresan dina smester ieu sim kuring nyandak mata kuliah telaah drama, anu 
dina smester ieu eta mata kuliah teh ngawajibkeun sim kuring ngayakeun hiji 
presentasi ngeunaan Perkembangan Drama Sunda, kukituna sim kuring neda bantosan 
saderek sadayana nu langkung senior sareng lakung terang perkawis drama, sim 
kuring peryogi pisan kanggo referensi sareng pami aya mah sim kuring oge 
peryogi salah sahiji naskah drama pikeun panalungtikan sim kuring. 
   
  hatur nuhun kana sagala perhatosan sareng bantosanana, diantos pisan 
waleranana...
  hatur sewu nuhun....
   
  baktos
  pun salma

 

 
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.

Kirim email ke