Kahatur kang Iman,
   
  Geningan sami sareng simkuring, resep kana Cianjuran.
   
  Mung, upami henteu lepat nguping, kecap anu dimaksad teh ”sasaka domas”
   
  Upami henteu lepat nguping, rumpaka tembang Nataan Gunung anu dihaleuangkeun 
ku ibu Mamah Dasimah sareng pa Didin S. Bajudri ti Lingkung Seni Sasaka Domas 
teh sapertos kieu:
   
  Gunung tanpa tutugan
   
  Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang
  Lain Sumedang diwetan? Baheula sumedang larang
  Sumedang sasaka domas lain gunung tanpa omas
   
  Itu gunung naon?
   
  Nu ngayapak tuh beh wetan ari gunung Cireme teh,
  tetengger nagara mana?
  Lain Cirebon di wetan? Cirebon baheula larang, cirebon sasaka domas
   
  Itu gunung naon, raden?
   
  Gunung Cupu Mandalaayu
  Hayu soteh hayu mulang
  Wangsul ti pangumbaraan
  Ari gunung Cupu teh raden tetengger nagara mana?
   
  Itu gunung naon?
   
  Kuring kirim gunung buhud
  Dipasieup pasagikeun
  Tuh guriang urang balangkeun
  Kuring kirim saur pupuh pasini urang jadikeun
  Guriang urang kambangkeun
   
  Gunung Kendeng nunjang ngaler
  Paratna ka Papandayan
  Putri nu ngabrengbreng koneng
  Megatan jalan ka Jampang
   
  

Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Salaka 
domas meureun kang ..........

Baheula asana aya grup seni ngarana "Salaka Domas" asa mah

terus dina tembang rajamantri oge .....

"........................ tanding leuwih, 
baraja inten gumilang 
puputon sekar kadataon
pamidangan pajajaran .
panyileukan sadayana
turunan gunung gumuruh gening
........................... salaka domas 





On 2/22/07,  Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                           
         Asa sering nguping kecap sasaka domas. Dina tembang Cianjuran; upami 
henteu lepat, dina tembang anu judulna "nataan gunung" aya kalimah "cirebon 
baheula sasaka domas". Punten, dupi sasaka domas teh naon maksadna? 

Wasalam,
Asep



engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                              Kadinya tiasa kang mung pangatosanana yen pancerna
 dunya teh nyaeta diri. Nu hartosna yen watesna arah
 angin kaler-kidul-kulon-wetan, luhur-handap teh nyaeta
  ceuk diri. Cobi bae pami diri urang nuju di lembang, 
 nyebat Gedong  Sate teh aya di kidul, tapi pami diri
 nuju aya di dayeuh kolot Gedong Sate dituduhkeun teh
 aya di kaler. Kitu oge pami nuju naek kapal udara mega
 teh aya dihandap, tapi pami urang nuju napak di taneuh
 mega aya di luhur. Janten diri teh tiasa disebat 
 pancerna dunya ceuk sadirieun-sadirieunana. Pantes
 upami dulur urang di Kanekes nyebatkeun pancerna dunya
 aya di kanekes, sabab di kanekes aya wewengkon nu
 nyilibkeun pangartian diri manusa
 (Cibeo-cikertawana-cikeusik jeung sasaka domas). 
 Nuhun.
   
 --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 > 
 > 
  > hatur nuhun kang.
 > cek cenah ieu mah, istilah papat kalima pancer oge
 > ngandung harti
 > nunjukeun arah mata angin. wetan-kulon-kaler-kidul.
 > kalima pancer,
 > maksudna ka luhur, sigana nuju ka pangeran. 
 > 
 > 
 > mj
 > 
 > http://geocities.com/mangjamal
 >  
 > 
 > > # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi
 > > wujud/waruga manusa nyaeta acining
 > > cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok
 > manggihan
  > > istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta
 > > nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu
 > > dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu
 > jadi
 > > pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa 
 > nafsu-nafsu
 > > sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan,
 > > karobanan jeung kasetanan.
 > 
 > 
 > 
 
 __________________________________________________________ 
 Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels
 in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
  http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097
 
     
            
   

---------------------------------
Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels 
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.   

---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
 Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
     


               
        



 
     
                       

 
---------------------------------
Don't get soaked.  Take a quick peak at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.
 
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
 Try the free Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke