Rampess...
Sim abdi oge sering nampi e-mail kitu....
Ti sababaraha nagara di Afrika sareng erofa, alesanana oge rupi-rupi,
aya anu nyarioskeun ti kulawargi Wiradiredja anu kacilakaan pasawat,
aya anu nyebatkeun yen e-mail urang kenging undian anu di undi tina sakitu
rebu alamat
e-mail. Teu euleum-euleum dina e-mailna nganggo logo PBB, atanapi hiji bank
di erofa,
anyar-anyar ieu (tos dua kali), nganggo logo hiji bank di Hongkong.
Malihan kantos aya anu ngangken istrina pangeran Jefri (rai raja Brunes DS.),
anu majarkeun eta istri (sareng putrana) hirupna nuju diancam ku kulawarga
raja Brunei.
Namung upami dilayanan, tungtungna eta jalmi, nyarioskeun ;
1. Ngulem urang dongkap ka hiji nagara, kanggo ngurus eta artos.
2. Ngintun/nrasfer artos ka si anu, jabatan anu, bank anu, anu jumlahna
lumayan,
kanggo biaya administrasi/biaya transfer.
Kacindekkanana, saena upami nampi e-mail sapertos kitu, ulah dibales (reply),
langkung
sae di-delete wae.
Pihatur,
ssw
Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,
Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email laundry money nu cindekna
ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang carita
saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu, kamari simkuring
panasaran ngabales email nu ceunah ti Benin, Afrika. Teu disangka, waleranna
enggal pisan, malihan mah simkuring nampi telepon ti Benin.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Simkuring oge kantos males eta email kalawan nyebatkeun hiji nomer rekening
bank sareng sababaraha data sanesna.
<!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]-->
Mung kadieunakeun, simkuring rada mangmang sok sieun mayunan
kajantenan-kajantenan nu teu nyugemakeun. Numawi, dina forum ieu, simkuring
mundut ka parawargi nu kantos ngagaduhan pangalaman atanapi uninga perkawis ieu
kasus, mugia tiasa babagi pangalaman atanapi pangaweruhna ka simkuring.
Hatur nuhun pisan kana perhatosan Aranjeun.
Firman Juliansyah
Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia
Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325
MP : +62 (0)81.320.656.905
YM & FS: [EMAIL PROTECTED]
http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda