Muhun....Pih, sami abdi oge sering nampi anu karitu teh malih sasih kamari mah dugi ka sababaraha kali majarkeun abdi kenging undian anu ageung $.10.000.000,- anu saha nu atoh campur kaget...ari ditaroskeun kudu kumaha cara nyairkeunnana jawabanana teu nyambung, tungtungna mah lamun aya nu kitu deui tara diwaro langsung wae dipupus leres da lamun direply mah kalahka beuki mahabu....hehehe..
"kkbm'69" On 2/28/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rampess... > Sim abdi oge sering nampi e-mail kitu.... > Ti sababaraha nagara di Afrika sareng erofa, alesanana oge rupi-rupi, > aya anu nyarioskeun ti kulawargi Wiradiredja anu kacilakaan pasawat, > aya anu nyebatkeun yen e-mail urang kenging undian anu di undi tina sakitu > rebu alamat > e-mail. Teu euleum-euleum dina e-mailna nganggo logo PBB, atanapi hiji > bank di erofa, > anyar-anyar ieu (tos dua kali), nganggo logo hiji bank di Hongkong. > Malihan kantos aya anu ngangken istrina pangeran Jefri (rai raja Brunes > DS.), > anu majarkeun eta istri (sareng putrana) hirupna nuju diancam ku kulawarga > raja Brunei. > > Namung upami dilayanan, tungtungna eta jalmi, nyarioskeun ; > 1. Ngulem urang dongkap ka hiji nagara, kanggo ngurus eta artos. > 2. Ngintun/nrasfer artos ka si anu, jabatan anu, bank anu, anu jumlahna > lumayan, > kanggo biaya administrasi/biaya transfer. > > Kacindekkanana, saena upami nampi e-mail sapertos kitu, ulah dibales > (reply), langkung > sae di-delete wae. > > Pihatur, > ssw > > > Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampurasun, > Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email 'laundry money' nu cindekna > ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang > carita saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng. > <!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]--> > Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu, kamari simkuring > panasaran ngabales email nu ceunah ti Benin, Afrika. Teu disangka, waleranna > enggal pisan, malihan mah simkuring nampi telepon ti Benin. > <!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]--> > Simkuring oge kantos males eta email kalawan nyebatkeun hiji nomer > rekening bank sareng sababaraha data sanesna. > <!--[if !supportEmptyParas]--> <!--[endif]--> > Mung kadieunakeun, simkuring rada mangmang sok sieun mayunan > kajantenan-kajantenan nu teu nyugemakeun. Numawi, dina forum ieu, simkuring > mundut ka parawargi nu kantos ngagaduhan pangalaman atanapi uninga perkawis > ieu kasus, mugia tiasa babagi pangalaman atanapi pangaweruhna ka simkuring. > Hatur nuhun pisan kana perhatosan Aranjeun. > > > Firman Juliansyah > Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia > Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325 > MP : +62 (0)81.320.656.905 > YM & FS: [EMAIL PROTECTED] > http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto > > --------------------------------- > Sucker-punch spam with award-winning protection. > Try the free Yahoo! Mail Beta. > > > > > http://cikundul3.multiply.com > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda >

