Tadi wengi jam tujuhan nongton acara STV Bandung, he love deui judulna, 
pokonamah nu aya pantomiman weh...Dicarioskeun ngeunaan pagelaran Ken Arok nu 
latihanana diayakeun di Dago Tea House 
Nu bodor & pikasediheun, nu ngawawancara aki2 & mojang ngangge basa Sunda..
Nu ngawaler budak ngora keukeuh ngangge basa Indonesia, hebat tiasa nyambung 
heheh...

Mmmm...cigana..cigana ieu mah, basa Sunda teh saena dikawitan ti kulawargi.
Cik urang ngimpen geura...
Pami baraya Kusnet aya 2000 urang langkung, nu tos gaduh kulawargi aya 1000 
jalmi.
Gaduh putra 2 sewang, hartosna aya 4 jalmi di bumi (kulawarga inti) kalikeun 
1000...
Tuh tos 4rewu jalmi...teu acan sadayana kaetang, InsyaAllah pami basa Sunda 
leres2 dimumule, tumpurna ge moal tereh2... 

ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 02/28/07 09:22AM >>>
Haturan kang Boim,

Oh kitu ku taeun teh. Tapi naha nya mingkin seueur nonoman Sunda anu henteu 
kersa nyarios Sunda. Moal kitu upaya ngamumule budaya ngalangkungan media masa 
elektronik masih kirang? Upami kitu, panginten faktor utamina mah di kulawarga. 
Upami para sepuh uang Sunda henteu ngabudayakeun basa sunda di kulawargina nya 
wajar para putra-putrina henteu atanapi kirang tiasa nyarios Sunda.

Wassalam,
Asep
http://members.tripod.com/pasundan
http://hadiyana.tripod.com/meframe.htm

Kirim email ke