halah siah goreng patut!! hehe..... kang kuring ge teu bisa ngomong "lemes". boro ka batur, ka indung sorangan ge basa teh nya basa loma we. ngan teu uang uing wungkul. komo make basa bandung mah :). pernah sasadu, tapi cek si ema teh, "keun we sujang, da ngahurmat mah teu ku basa wae". cenah!
dh On 2/28/07, helmi matari <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
abdi, kuring, urang, aing (nu mananya nu mantes), tah ieu nu matak jadi bingung, rek nyarita make basa sunda sieun loba salah! aya nu ngabenerkeun mah tapi sok bari molotot. lain era make basa sunda da abdi, kuring, urang aing mah sieun ngomaong basa sunda teh sieun salah!!!! komo kanu geus karolot sok loba nyalahkeun bari tara ngabenerkeun sok tah kumaha uing mah kieu gening basa sunda na oge kasar teuing baleg teuing henteu? kungsi keur sakola 2 tahun katukang aya slogan cenah tong sieun make basa sunda! sakitu tah, sok weh peunteun budak umur 20an tahun jiga kuring nulis make basa sunda.....kumaha alus teu hahahahahahaha, salam, helmi matari suryanegara ,___
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

