Kampung (Sadar) Wisata 
  (Ngengklokan seratan GK # 1)
   
  Waktu nyieun ieu pangacaprukan, kuring can maca seratan GK ngeunaan (meureun) 
pilihan eksistensialna salaku hiji seler – siga nu dikalangkangkeun dina 
wawaranna kamari: Milih jadi urang Sunda atawa lain Sunda. Ngan, di antara 
14-an tulisan nu geus dibaca, tilu di antarana paling narik ati kuring :  
Cisitu, Agenda Kesenian, jeung Pariwisata dan Ekonomi Kerakyatan. 
  Cisitu, lian ti mangrupa “reportase” nu otoritatif, wuwuhan dijieun ku “urang 
jero”, mukakeun deui hate jeung pipikiran kuring ngeunaan kumaha tragik jeung 
ironi nu tumiba ka urang Sunda. Hususna urang Bandung, leuwih husus pisan ka 
urang Cisitu (jeung lembur-lembur lianna nu aya di sabudeureun sawatara “centre 
of exelence” salila ieu): Ayana paguron-paguron luhur di sabudeureun eta 
wewengkon ukur mere kauntungan ekonomi – kitu ge ukur saencret, da nu paling 
gede nawu eta kauntungan, ku suudzon kuring, bisa jadi lain pituin urang eta 
lembur. Hartina, “industri pendidikan” nu aya teu mere kauntungan kultural nu 
leuwih jembar, nu satemenna jadi udagan pendidikan. 
  Keur kuring, hal ieu nandeskeun tunana komunikasi antara paguron luhur jeung 
masarakat sabudereunnana. Sanajan geus aya Tri Dharma Perguruan Tinggi, malah – 
nu leuwih praktis -- elmu public relations pisan; universitas remen gagal 
ngawangun mental jeung prilaku masarakat nu aya di sabudeureunnana (dalah 
civitas academica-na sorangan?). Antukna ukur jadi menara gading tea. Beh 
dituna, agama ge geus “gagal” migeykeun umatna sangkan ngaronjatkeun darajat 
kahirupannana. Eta bae, sakitu hadis jeung Qur’an geus “dioperasionalkeun” dina 
wangun nadom ge, urang Cisitu (loba pisan nu) teu kageuing sangkan nungtut 
elmu, dina harti sakola formal, nu bisa leuwih ngaronjatkeun kahirupannana. 
Tong salah harti, tangtuna nu salah, nu “gagal”, di dieu lain agamana, lain 
hadis, lain Qur’anna. Tapi, nu ngagemna. Gampangna mah aya kajumudan di 
masarakat urang ngeunaan agama (sakumaha jumud atawa salah sangkana urang kana 
tradisi, budaya, jeung kamoderanan atawa kamajuan sorangan). 
   
  Tapi bisi ngacaprukna kaleuleuwihi, kuring rek nyoba museurkeun maneh 
ngomentaran Pariwisata dan Ekonomi Kerakyatan. Kitu ge duka. Teuing nyambung, 
teuing... keukeuh ngacapruk. Nyanggakeun...:
   
  Mun teu salah, ti panuntungan dekade 70-an, pamarentah urang geus sadar: 
Minyak, nu salila eta jadi andelan, bakal beak. Kudu dipikirkeun modus-modus 
lian pikeun nyocokan beaya pangwangunan. Nya ti harita, pariwisata, jeung 
kabudayaan, mimiti ditoong salaku alternatif. Sanajan, dina prak-prakannana, 
bari terus ngebor minyak, gawe nu aya teh karah loba nuaran leuweung (jeung 
ngabukbak sawah atawa kebon, keur pabrik jeung paimahan). Manan ngahucuhkeun 
pangwangunan dina widang pariwisata. Da, leuwih gampang. Pilakadar tinggal 
nuar. 
  Di mana pariwisata dipigawe ge, keukeuh bae rumus nu diterapkeunnana teh: 
Padu gampang, padu gancang. Cash and carry. Hartina, siga nu katangen salila 
ieu: Pangwangunan widang pariwisata ieu leuwih ngogo modal gede manan migeykeun 
kahirupan jeung potensi rahayat leutik. Bari jeung triple down effect-na, nu 
salila eta dipiharep, heunteu down-down bae. Di mana aya ge nya ngan saencret. 
Da, cohagna, ukur mangrupa Satpam, tukang kebon, awewe jeung lalaki bangor, 
atawa...calo tanah! Tangtu bae Bali pangacualian. Pariwisata bener-bener, 
paling heunteu leuwih bisa, migeykeun kahirupan rahayat leutikna – sanajan, 
sawareh, kapaksa “diwadalkeun” ka Sulawesi, Kalimantan, jeung Lampung, jadi 
transmigran.
  Gampangna mah, proyek-proyek pariwisata nu aya jauh tina naon nu disebut 
jeung dimaksud ku “ekonomi kerakyatan”. Ongkoh, pan, harita, nyebut 
istilah-istilah nu make embel-embel “rakyat” ge meh sarua haramna jeung make 
narkoba. Karuhan prakna mah (komo kiwari?). Beh dituna, pariwisata nu aya 
dianggap maehan kabudayaan – leuwih husus maehan seni tradisi. Da, seni tradisi 
teh dibekukeun dina wangun tongtonan di hotel-hotel atawa di tempat pariwisata. 
Atawa, nu leuwih “murtad”: Seni jeung kabudayaan dikomersilkeun. Diduitkeun.
  Kasadaran pamarentah ngeunaan potensi pariwisata ieu, ahir 80-an, lain bae 
ditembongkeun ku program Visit Indonesia Year 1991, Bali 10-K, Kompetisi Terjun 
Payung Dunia, jste. Tapi, oge ku konsep Sapta Pesona. (Kukituna panuhun ka Pa 
Oeyeng, Pa Adeng, oge Pa Ajip Bakar, sawatara urang Sunda nu parantos ngiring 
naratas ayana konsep sareng kasadaran Sapta Pesona sareng wisata berbasis 
budaya ieu). Keur kuring, siga konsep lianna, ieu konsep teh kawilang alus. 
Malah, lain bae kudu dijadikeun konsep pangwangunan pariwisata. Tapi, oge 
konsep pangwangunan sacara umum. Ieu konsep, tangtuna, leuwih operasional manan 
konsep “manusia seutuhnya”, nu ngawang-ngawang, nu harita remen dicutat dina 
pidato-pidato pajabat.
  Sapta pesona, mun dilenyepan, satemenna nandeuskeun kumaha “kaffah” atawa 
“holistik”na industri pariwisata. Malah, mun keukeuh rek sipatna mikir sacara 
sektoral, nya industri pariwisata ieu nu satemenna kudu jadi lokomotif 
pangwangunan urang -- mun tea mah ngajadikeun pangwangunan kabudayaan salaku 
lokomotif dianggap ngawang-ngawang atawa pamohalan. Ku naon kitu? Sabab, 
industri pariwisata, satemenna, industri nu paripurna. Pikeun ngamajukeun 
industri pariwisata kudu aya “iklim nu kondusif”, dina harti miharep 
infrastruktur nu “paripurna”. Pariwisata lain bae nungtut potensi wisata – boh 
alam, kasenian, merchandising, dahareun, sajarah, atawa kabudayaan. Tapi, oge 
kaamanan -- dina harti heureut atawa jembar -- jeung infrastruktur fisik nu oge 
“sampurna”.
  Tah dina perkara infrastruktur fisik (jeung kaamanan) ieu, urang remen ti 
kelebuh kana prak-prakan nu ahirna miharep modal gede, ngarusak alam, jeung 
...budaya eta sorangan. Da kudu boga kamar sakitu likur, nu ukurannana sakitu, 
kolam renang ukuran sakitu, taman ukuran sakitu, lapangan terbang kelas sakitu, 
jste. Tangtu lain kuring anti modal gede atawa anti pangwangunan fisik – komo 
anti kaamanan atawa pamarentahan mah. Tapi, maksud kuring, nu kudu diwangun 
jeung dimekarkeun teh, lian ti “ekonomi kerakyatan”nana, oge naon nu nyangreu 
dina konsep Sapta Pesona eta: Kaamanan, katertiban, kabersihan, “kesejukan” 
(teuing naon Basa Sunda-na pikeun ieu kecap dina konteks ieu. Piraku “katiisan” 
mah? “Tumaninah” meureun, nya?), kaendahan, kasomeahan (takwil nu rada 
kaleuleuwihi tina kecap “keramahan”), jeung katineung (Sigana mah sarua 
ngacaprukna pikeun ngaganti  “kenangan”).
  Hartina, mun urang tigin kana eta ugeran, nyieun obyek atawa ngawangun 
pariwisata teh teu susah. Cukup ku ngalarapkeun tujuh papagon tadi: Aman, 
tartib, bersih, “sejuk”, endah, someah, jeung matak nineung. Coba sawang mun 
hiji pilemburan: Bisa miara jalan-jalanna – nu can tangtu kudu dihotmix, cukup 
dibalay ku koral atawa batu ti walungan nu aya di wewengkon eta – pasir, sawah 
jeung kebonna hejo ngemploh, cai curcor, koco (septik tank) jeung kamalirna teu 
ngeuyeumbeu, balong jeung kandang hayamna ge “sehat”, teu matak sareukseuk nu 
ningali, teu matak jarijipen anu dahar, situna teu dijarieun sawah atawa kebon 
kangkung, imah jeung buruannana rarapih asri, paruntahannana teu nepi ka 
ngahunyud, rahayatna teu ngeukeuweuk budaya huma (dina harti aing-aingan), 
someah hade ka semah, bari pengkuh kana jati diri, masigitna teu ukur 
“nyarekan”, inohong-inohongna teu ngadadak dangdut hareupeun kamera televisi, 
warungna siap nyodorkeun lotek atawa kadaharan nu jadi kamonesan urang
 dinya, barudak ngorana teu nyarakuan botol AO atawa Mansion House, nu 
daragangna teu mampang-meumpeung pedah nu meulina “urang kota”. Tanwande matak 
dipikatineung. Urang Arab, pasar turisme nu can kagarap kalawan optimal, moal 
teu olohok ningali sawarga nu siga kitu. Paling ge tinggal ngaharewos ka travel 
biro – boh nu aya di jaringan PATA, IATA, atawa jaringan-jaringan alternatif 
pisan – sangkan eta wewengkon dicatet dina agenda maranehannana, jadi tempat 
pangjugjugan nu arulin.
  Mintonkeun kasenian? Bener ceuk GK: Cukup di bale desa, di buruan masigit, 
atawa di buruan pasantren jeung sakola (siga HBH Cibatu kamari). Teu kudu ieuh 
ngawangun gedong kasenian, komo nu ukuranna sagede Sabuga mah. Eta mah cukup di 
kota. Mun arek ge, nyieun bae tegal nu leuwih lega manan lapang mengbal. Tilu 
atawa lima kalieun lapang mengbal sugan. Bari tempatna dipuguhkeun jeung 
strategis. Naha hareupeun bale desa, masjid agung, atawa lawang desa pisan. Nu 
gunana, lian ti paranti olahraga jeung ngangon domba, nya jadi pusat kagiatan 
mun sakalina eta desa rek aya hajat atawa kariaan.
  Nu maraenna ge teu kudu make baju saragam, nu gugurilapan, komo make beskap 
jeung dibendo citak mah, saayana jeung sailaharna kahirupan sapopoe di eta 
lembur bae. Di mana tamu-tamu rek mareuting, kulemna nya di imah-imah nu aya. 
Teu kudu make nyieun hotel atawa penginapan. Komo nu sigrong, nu meakkeun 
waragad gede mah. Saayana bae. Da tadi tea: Kasadaran tataruang, sanitasi 
lingkungan, jste, nu satemenna dipiharep ku “tujuh ugeran” tadi, geus nyampak. 
(Beh dituna, mun dilenyepan leuwih jero: Sapta pesona teh geus kawengku ku 
ajaran-ajaran kolot baheula. Ngan nyakitu, kabengbat ku nu anyar – bari teu 
ngarti abcd-na. Padu anyar. Ongkoh barang anyar teh teu sirikna diwewel-wewel 
nepi ka enggon. Antukna, lembur endah siga Rancakalong ge, lian ti diacak-acak 
ku partai jeung kapentingan nu sipatna pondok, pajurawet ku paralon jeung botol 
aqua).
  Kukituna, soal kasenian eta, bisa-bisa cukup ditanggap di tepas salah sahiji 
imah nu aya di dinya. Nu lalajona ge cukup ngahenen di kamar, dina enggon, bari 
disimbut. Reupreupan, mapag sare, diayunambing ku jentreng kacapi. Atawa, ku 
sora nu... ngaderes Qur’an! Mun perlu pareuman sakabeh lampu nu aya di eta 
lembur. Cukup ngandelkeun cempor atawa bengrayna bulan. Beu! (Mun rek 
ngacapruk: Mangsa poek mongkleng kitu, teuing kumaha carana, anjing sina 
babaung. Hawar-hawar, di pipir imah, aya sora ngahihih... Bari riringkangan 
diharudum mukena atawa lawon bodas).
  Katineung nu mangrupa suvenir, asana teu hese. Lian ti potensi kuliner nu 
nyampak (kadaharan sarupaning dodol, opak, peuyeum, kalua, jste), industri 
karajinan nu sipatna ngamangpaatkeun potensi nu aya ge bisa bae diayakeun. Mun 
tea mah euweuh urang dinya nu bisa nyieun karajinan tina awi atawa kai, atawa 
tina siki karet jeung hanjeli, ondang urang luar. Naha mahasiswa, pengusaha 
UKM, atawa naon bae nu luyu jeung udagan oge kamampuan eta desa. Ondang urang 
Jalan Suci pikeun muka pabrik sablon di dinya, misalna. (Ceuk babaturan: Loba 
suvenir nu dijual di Bali jeung Lombok satemenna buatan urang Cipacing jeung 
Jatinangor, Sumedang. Karuhan kaos, topi, beubeur kulit di kaki lima mah. Meh 
kabeh buatan “urang Bandung”. Bandingkeun jeung  kaos nu didagangkeun di 
Palabuan Ratu, Karangbolong, Pulorida,  atawa Pangandaran: buatan “urang 
Padang”).
  Cara “ngajual kahirupan” siga kitu teh lain bae bisa diterapkeun di 
pilemburan. Di kota ge teu munasabah. Da, koncina: Hirup guyub, teu 
aing-aingan, bari produktif, sehat, jeung kreatif. (Tingali pangacprukan 
kuring, Ua Sas jeung Al Nadim). Di Solo jeung di Yogya, kaasup Magelang, 
buktina. Sawatara kampung nu aya di eta kota geus lila jadi panonoban para 
turis lokal jeung mancanagara. Boh nu kelas backpacker atawa kelas borjuis 
pisan. Sanajan kampung-kampung wisata eta umumna masih ngandelkeun kharisma 
atawa sawab Solo-Yogya salaku “pusat” budaya Jawa, fenomena Padepokan Lemah 
Putih, sawatara kampung di sabudeureun Prambanan jeung kampus ASRI heubeul, oge 
sawatara kampung lianna di Yogya jeung Solo, teu malulu ngandelkeun kharisma 
tadi – bari sawareh mah jajauheun tina asri.
  Di urang, di Tatar Sunda, lolongkrang keur kitu asana pabalatak. Malah, pan 
Jakarta mah geus prak – ku Jalan Jaksa, salaku kampung wisata urban, jeung 
Pondok Labu, minus kasenian nu “wajar”. Di Bandung, sanajan geus heurin ku 
tangtung, lembur-lembur heubeul, bari masarakatna masih guyub, asana masih 
loba. Di Cirebon, kampung Trusmi, oge kampung lianna, potensial pisan pikeun 
jadi kampung wisata, lain ukur tempat wisata (dagang atawa wisata kaagamaan) – 
infrastrukturna geus nyampak, boh industri batik, boh makam Buyut Trusmi, 
tinggal ngababenah tataruang jeung satinasi lingkungan jeung kulinerna. Karuhan 
di kota Cianjur, Bogor, Sukabumi, Rangkas, Lebak, Purwakarta, Karawang, 
Sumedang, Majalengka, Garut, Tasik, Kuningan jeung...Ciamis mah. Bisa pisan.
  Pasoalannana: Minimna visi jeung leadership! Boh nu nyampak di pamarentahan 
atawa birokrasi, boh di masarakatna sorangan. Kaasup kalangan seniman jeung 
budayawannana. Nu hiji masih cueut kana modal gede atawa kapitalistik, 
dibarungan ku  sumanget cash and carry; nu hiji masih nganggap kasenian, 
tradisi, jeung kabudayaan, salaku hal anu luhung, nu ngapung di awang-awang 
jeung “sakral” sakaligus “mistis”. Dina harti, haram dipakaitkeun jeung urusan 
beuteung. Padahal, kumaha rek ka langit mun beuteung kukurubukan? Bisa-bisa, 
karah ka asup angin, pan?
   
  Salemba, 17 Februari 2007


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Kirim email ke