numbu paguneman nu geus pernah,

kamari kuring jeung balads, ngaluuhan acara nancebkeun tatapakan munggaran
pikeun kampung sunda di kampung menteng, desa pasir eurih, bogor. sarengsena
ningali (enya da ukur lalajo), sapuk rek silahturahmi ka bumi alm. mang
saleh danasasmita, di sindangresmi bondongan. limaan nu indit teh. kuring,
yayan (jajak_subang), hadi (hadeesign?), pimred balebat kang hendra jeung
kasepuhan balebat pa inotji.

teu kacatur kukurilingan neang imahna mah. saeutik nyasar da. pokona mah
nepi we ka bumi mang saleh. nu narima istrina, hilap deui namina mah. nu
inget teh basa ngenalkeun: cenah ngaran ibi mah teu pati sunda. mimiti tina
t ditungtungan ku h.

ngobrol ngaler ngidul di rohangan hareup imah mang saleh. ti mimiti ngeunaan
karya-karyana mang saleh, buku-buku koleksina nepi ka medar pangalaman
baheula. karya jeung koleksi buku mang saleh cenah geus dihibahkeun ka unpas
bandung. saacan dibikeun ka unpas, si ibi ge nyarita loba karya mang saleh
nu laleungitan. nu diinjeumkeun teu baralik deui. ku jalaran eta sikuring
menta tulung ka dulur salembur baraya sajagat ieu milis upama aya nu terang
komo dugi ka ngagaduhan karya mang saleh mangrupa kumpulan tembang jeung
naskah-naskah drama, tiasa masihan infona ka ieu milis wae heula.

obrolan nepi ka pangajaran basa sunda. aya usul ti si ibi keur nu sok nyieun
kurikulum basa sunda. cenah barudak teh ulah sina diajar nu hese. nu hese
cek siibi, diantarana kudu ngapalkeun ngaran anak sato jeung ngaran
kekembangan. leuwih hade barudak teh diajar basa sunda nu praktis bae.

sakitu bae, hampura upama basana ngalilieur

--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke