hemmm... mugia sing enggal damang. ieu mah panginten sanes bade kedah kumaha, mung saukur pangalaman pribadi. kuring kantos gaduh panyawat anu teu cageur2, diitung >7th model sesek napas, nyeri kabina-bina anu muncul tiba-tiba ujug-ujug jeletot nyeri ti jero awak, jantung/paru dll kapeung "siki" aya nu nyiwit. dokter? nepi dirawat...anger teu cageur ustad? kyai? pasti!! dibekelan doa lengkepan kedah iniitu tea anu lurus-lurus aya oge ustad anu masihan cai doa anu kudu di kubur jeung digantung dina para...rada klenik yeuh. halah siah aing kudu kumaha, naon dosa aing. nekat, uing datangan ibu rw sepuh sok dipenta tulung barang leungit. cik pangrabakeun awak uing, pangnoongkeun imah uing. naon cenah walerana:" bapa ieu mah aya nu "miceun", barang eta dibalangkeun ti kulon...pas keuna kadiri". teras kudu kumaha? ujungna wae nya..dipiwarang ka anu tiasa nyageur/geringkeun kumaha pamenta. na da eta mah jiga (ari sinetron mah kalelewihi) heureuy. anu hadir kedah maca Al-ikhlas, ragem, kompak. media na koneng gede ditempelkeun kana awak (meunang nyasar) didada kenca. sruuuut clep sora banda kaluar, nanceb dina koneng potongan tulang sagede nyere kawung geus ngahideung. ngke aya keneh, cenah na teh aya dua deui halah sia hiji oge kaluarna nyeri....bari getihan tah kitu, puguh ayeuna mah....ngan tinggal tapakna,...dua didada kenca, hiji urut kaluar jarum ditonggong. cag, ulah percaya!! da asalna oge uing teu percaya nu kararitu.
-----Original Message----- From: aldo desatura [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, March 05, 2007 2:04 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] keur bingung kuring teh euy.... DEAR simkuring keur dibere ujian ku Allah SWT, pun adik Awewe keur nuju teu damang, ku lantaran panyawat Maag Kronis nepi siga nu teu sadarkeun maneh.... gurang garung teu pararuguh jojorowakan siga kitu ... kunaon nya?? ceuk ustad mah teu kunanaon tapi siga nu kasurupan kitu... ALLAHU AKBAR kudu kumaha atuh simkuring teh...?? sa tos na pun aki wafat teras wae kajadian nu teu pararuguh teh sim kuring keur ikhtiar make ubar kampung kusabab make dokter mah tos bebeakan sikuring teh teu damang2 wae.. ya Allah mun rek di pulangkeun nya mangga wae atuh mun ningali siga kitu mah sikuring teu tega ... awak begang mata celong.. naha nepi ka kiyeu ka ayaan teh pi kasusah teh aya wae ...

