Innalillahi wa innailaihi roji'uun
   
  Pak Koesnadi Hardjasumantri, tilas Rektor UGM, salah saurang panumpang Garuda 
nu kaduruk di Bandara Adisutipto Yogya, parantos ngantunkeun.

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Ceuk beja, salah saurang panumpang Garuda nu kaduruk di Yogya teh 
Prof. Dr. 
Koesnadi Hardjasumantri, Guru Besar Fakultas Hukum UGM jeung UI, urut Rektor 
UGM jeung nu leuwih penting deui Prof. Koesnadi teh urang Sunda, lamun teu 
salah mah urang Tasik. Cenah mah dugi ka wengi ieu nasib anjeunna teu acan 
jelas, naha anjeunna teh salamet atawa henteu.

Aya sabaraha urang ahli hukum nu urang Sunda nu sok jadi acuan di nagara 
urang. Saha nu teu bireuk ka Prof. Muhtar Kusumahatamaja nu nyieun konsep 
Nusantara. Jeung aya sabaraha urang deui, nu kuring poho deui aranna, boh ti 
kalangan akademisi atawa ti kalangan praktisi hukum, pangpangna hakim atawa 
jaksa. Beda jeung ahli hukum asal Sunda sejenna nu umumna tamatan UI atawa 
UNPAD, Prof Koesnadi mah tamatan UGM, ngajar di almamaterna jeung kungsi 
jadi Rektorna. Rada aheng oge aya Urang Sunda mimpin sakola nu make aran 
"Gajah Mada", nu di tatar Sunda mah (iwal di Jakarta) teu aya jalan nu make 
aran "Gajah Mada".

Cenah mah anjeunna teh nincak yuswa 80 taun, tepung taunna nembe dirayakeun. 
Mudah-mudahan we kajelasan nasib anjeunna enggal kapendak ...............

Baktos,
WALUYA 



         

 
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

Kirim email ke