heuheu..
  da Kang Jay mah beunghar teu beunghar oge karesepna kitu
  ngorong, ngical korong sareng ekspor korong..
  rupa2 rasa, aya korong rasa kiju, coklat,stroberi, oge aya rasa 
aslina...manis asin....xixixixixi........
  
  
  -LN-
  

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                               
   "Jay..."
  "Hmmm.."
  "Ngeunah jigana mun uing beunghar teh nya ?"
  "Ngeunah kumaha ?"
  "Nya ngeunah we, sagala aya, teu pusing cara ayeuna"
  "Matakna digawe atuh, ulah nongkrong bae, hulang huleng bari
   ngorong, sakapeung nyabutan bulu irung. Beak bulu irung,
   nyabutan bulu kelek.."
  "Naha apal ?"
  "Puguh we apal"
  "Apal ti saha ?"
  "Ti batur !"
  "Batur sok bebeja kituh ka maneh ?"
  "Enya.."
  "Heueuh atuh Jay, kahayang mah digawe cara batur"
  "Naha atuh ?"
  "Kumaha nya ? ah..lieur digawe teh"
  "Lieur kumaha ari maneh ?"
  "Pek we geura, isuk-isuk rebun kudu geus indit. Ngudag-ngudag beus,
   seseleket dina kareta, pasesedek, kesangan jeung barau kelek.
   Dipagawean, boga juragan teh darah tinggi kabeh, ambek-ambekan wae.
   Balik gawe nya kitu deui, sapopoe teh stress we nu aya. Nepi ka
   imah cape. Ari gajih tara nyukupan bae"
  "Tuluy ?"
  "Heueuh, matak uing mah mendingan eureunan gawe. Asa nyiksa awak
   jeung pikiran bae..."
  "Mun teu digawe mah timana meunang duit atuh ?"
  "Nyaeta ..."
  "Tuluy, daharna kumaha ?"
  "Ah..dahar mah angger kitu-kitu keneh, sahuap-sahuap.."
  "Nya puguh atuh, lain.. maksud teh, timana keur meuli dahar ?"
  "Nganjukan we ka warung .."
  "Tuluy timana keur mayarna ?"
  "Ah nya ke we mun geus beunghar.."
  "Haaar...ari maneh cageur ?"
  "Rarasaan mah puguh keur hareeng ieu teh .."
  "Pantes atuh..."
  "Pantes kumaha ? Maenya nu hareeng pantes ?"
  "Teuing ah.."
  "Cik atuh Jay, tulungan uing.."
  "Tulungan kumaha ?"
  "Heueuh, hayang beunghar uing teh.."
  "Hayang beunghar mah nya kudu digawe..."
  "Apan enggeus. Geuning angger bae."
  "Nyobaan atuh usaha ?"
  "Usaha naon atuh Jay, apan usaha teh kudu boga modal.."
  "Cik atuh mun ngorong teh kumpulkeun, dipoe ka garing,
   tuluy dijual, sugan we payu..."
  "Ih ari maneh ? saha jelma-na nu rek meuli korong ?
   apan baroga irung sorangan, eta ge puguh dipariceunan"
  "Nya sugan we atuh da ngarana ge usaha"
  "Ah, gelo maneh mah.."
  "Puguh maneh...."
  "Maneh !"
  "Maneh !"
  
  -dul-
  tukangteuing
  
  
      
                                    


Lygia Nostalina,SH  
Operational Manager Pacific Data network  
telp. 08179265770 office. 022-7835099 - 7810017  
www.pecintahujan.multiply.com  
[EMAIL PROTECTED]
 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke