Judulnya ngahaja make cabe rawit, meh lada, seuhah.....

Saacanna punten kasadayana.
(sanduk-sanduk samemeh mantun, he..he..he..)

(Rajah Pamuka.)
Bangsa urang edas ku tolol, belegug teh beak ku sorangan teu bagi-bagi. Boga
sirah teh duka aya uteukan duka euweuh.
Dina aya na oge uteuk dina sirahna meureun geus karahaan pedah tara dipake.
Heueuh tara di pake, sabab lolobana mah anu dipakena sirah anu leutik. :)

Hirup estu ngajurung nafsu.
ieuh aing uyah kidul,
Pinter aing henteu batur,
Beunghar aing henteu batur,
Kawasa aing henteu batur,

Batur ???
Emang gue pikirin.


(Lalakon makan-makan)
Alhamdulillah kuring meunang tempat gawe anu merenah tumaninah, pagaweanana
teu beurat, babaturan gawe jalmana Raroyal.
Lamun aya ulang tahun atawa 'deal' sok dirayakeun ku 'makan-makan',
ditraktir ku anu ulang tahun atawa anu 'close deal'.
Ngan edas, acara makan-makan teh sok nyesakeun kadaharan, anu tungtungna mah
dipiceun.

Padahalmah anyar keneh dina TV aya berita, loba keneh barudak anu busung
lapar kurang gizi, kalaparan.
Naha maranehna teu nyaho kitu, loba keneh anu kalaparan?
atawa teu mirosea?


(Lalakon numpak motor)
Alhamdulillah deui kuring dibere rejeki ku pangeran bisa meuli motor najan
nyicil oge. MOtorna supra fit taun 2005.
Ngahaja meuli motor leutik lain motor besar, sabab harganya pass buat saya,
irit bensin, pangawakna leutik, onderdilna murah, intina mah murah.
he..he..he..

Di Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran
lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh
mesinna tetep hurung.

Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi:
- lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit.
- hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin hurung, dina samenit meakeun
1/sekian liter bensin.
- di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor 100cc ?
- pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakali lampu merah.

-  Acan motor sejen anu leuwih gede cc-na
-   Acan diitung mobil  anu  cc na  rebuan.

dina sapoe, sabaraha ratus liter kapiceun di lampu merah.

Jelema anu naek motor/mobil teh lain jelema belegug,
tapi naha maranehna merhatikeun hal ieu atawa henteu ?

Atawa estu ngagugulukeun "GENGSI".
dasar tolol !


(lalakon sejenna)
Pasti loba deui lalakon sejenna anu nunjuken kalakuan "Henteu Efisien", anu
dilakukeun ku bangsa urang.
Urang sunda mah komo deui,  geus katelah  "GENGSIAN"

Da ari ngarti mah  kuring yakin maranehna teh ngarti, nyaho mah nyaho.

Ngan meureun geus.........
ah memang tolol we meureun !

Kirim email ke