Muhun kang Aldo eta berita kantos dimuat di Kompas upami teu lepat mah, sim
kuring ge rada hilap deui da beritana tos rada lami kirang langkung sasasih
kapengker. Muhun saurna di Karawang bade diwangun sapertos kitu, daerahna di
hiji bukit anu legana 500 hektar di Karawang Barat, nyaeta tanah kuburan anu
dikomersilkeun pikeun jalma2 jegud, pangaosna beuki ka bukit beuki awis dugi
ka milyaran rupiah cenah. Namina San Diego  Hills Memorial Park and Funeral
Homes pasilitasna lengkep pisan aya taman anu asri, tatangkalan anu rimbun,
padang jukut anu hejo, cai mancur, kekembangan, patung-patung artistik anu
endah, arsitektur jeung interior tegep saurna. Pengembangna saurna PT Lippo
Karawaci Tbk.

 

Upami berita lengkepna mah, tiasa dipilari panginten dina arsip kompas
cybermedia.

 

toha

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Aldo Desatura
Sent: Thursday, March 08, 2007 10:03 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] kota di tengah2 astana

 

sabaraha poe katukang sikuring maca koran sindo aya hiji kota di Amerika
Serikat dijieun Kota kuburan... lain pribahasa iyeu mah enyaan Kota Astana,
aya sagala rupa fasilitas di tengah eta Astana teh... ceu beja... karawang
rek nyieun kota siga kitu..?? mereun aya nu terang??

 

Kirim email ke