Muhun Mang, ayeuna mah kamer mandi di lebet kamer paragi sare. Dapur ngahiji 
jeung ruang makan. Komo keur abdi nu ukur RSS mah ngahiji wae pabaliut jeung 
ruang tengah, ngarangkap perpustakaan, oge jeung tepas, hehehe. 
  Ngan dapur suwung, da tara dipake, hehehe....
   
  Baktos,
  -ika-

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  
    Soal cai jeung kamar mandi
  
  Kamer mandi di luar imah, sabab baheula mah can kapikir ngalirkeun cai ka 
jero imah make paralon nyieun kamer mandi di jero, sabab ayana anggapan yen 
kamer mandi area kotor tea. Dina  ayana  cai nu disalurkeun make awi nu bukuna 
dipolongoan, teu nepi ka nyieun kamer mandi di imah tapi ngan ka tempat mandi. 
Tukangeun/gigireun imah. 
  
  Ayana balong dianggap penting dina bumen2 US, sabab balong eta paranti 
kukumbah parabot dapur jeung sajabana. Praktis meureun. Malah bisa jadi daur 
ulang tea. Kadaharan nu nyesa2 tina piring dipiceun ka balong, dituang ku lauk, 
laukna dihakan ku urang. Tibalik? Ngahaja.
  
  Hirup jeung imah model kitu sigana ngan mungkin di pilemburan, di kota mah 
teu bisa sigana. Tapi rumah makan sunda sok ngusahakeun ayana balong, sabab asa 
can nyunda. Siga rumah makan panineungan dago atawa sari sunda di sukarno hatta 
bdg, sindangreret deukeut gasibu atawa nu di ciwidey oge lembang. Nya model 
balong hias kitu, aya lauk kancra, jsb. 
  
  Kabiasaan ngojay di walungan atawa di balong ayeuna diawetkeun ku cara 
ngeueum dina bathtub tea. Heurin memang tapi lumayan. Tapi aya oge nu nyieuna 
rada lega. Di amrik mah bathtub make sagala rupa alat sangkan ngeunaheun, make 
mesin nu bisa nyieun ombak atawa air deras tea, asana jacuzzy ngarana. Oge 
tempat mandi di kamer, shower tea, ku sabab kamer mandi sok baraseuh jibreg, 
antukna nyieun shower nu sakurilingna ditutup kaca. Jadi cai teu ngulampreng 
kamana-mana. Model pancuran di lembur, dipake deui  ku cara masang pancuran 
dina tembok luhureun sirah (eta nu disebut shower sabenerna).
  Ku sabab baheulan mandi di balong, nya di kamer mandi kudu aya balong, ngan 
kusabab heurin, jadi ngan ukur bak.
  
  Enya, baheula mah, dina konsep wangunan tradisional, dapur jeung kamer mandi 
dianggap area kotor. Sabab salian ti memang pikeun miceun nu kotor atawa 
beberesih (kamar mandi), oge dapur, pikeun tempat hawu, nu make suluh jeung 
tangtu bagean eta jadi kotor. Haseup ngabring kamana-mendi. Bilik sok jadi 
hideung ditabrak haseup tina hawu.
  
  Ari parabot geus robah mah, alatan ayana teknologi, nya dapur jeung kamar 
mandi bisa beresih. Model dapur modern nu ayeuna diparake ku urang kota oge 
sawareh geus nerap ka lembur, komporna make gas, masak bari nangtung, eta hasil 
panalungtikan taun 50an dimimitan di jerman. Sabenerna mah rada kurang pas 
dipake persis di urang, sabab model papasakanana beda. Bule mah teu loba 
gurang-goreng, duka pedah geus goreng duka hese minyak kalapa. Jeung maranehna 
mah masak sok saeutik, pas saharitaeun, ongkoh loba kahadaran nu siap hakan, 
malah apan roti, kadaharan utamana, teu kudu dipasak deui siga kezzo di urang.
  Kulkas geus wajib aya di unggal dapur batur mah. Gudang kadaharan tea. 
  
  Ayana microwave ayeuna geus bisa ngaringkes sababaraha cara masak, gancang 
jeung praktis.
  
  Kamer mandi urang kota,  oge geus make alat pemanas cai tea, boh nu make 
listirk, gas –merekna nu apal, paloma ataa gainsborough- atawa tanaga panonpoe 
nu alatna sok ngadaplok dina kenteng. Jelema ayeuna sigana teu kuat ku tiris 
sabab iklim geus leuwih panash. 
  


  

         


 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Kirim email ke