Panuju kang,

Nambihan:

Ceuk anu hayang salamet: "siap-siap euy lamun aya kapak merah tinggal nabrak 
atawa tinggal mundur"

Janten wajar lamun aya tawis-tawisan (basa legegna mah trade off) antara 
kanyamanan (naon basa Sundana, nya?), kaamanan, jrrd sareng  penghematan bahan 
bakar.

Trade off ilahar dimana-mana; cobi tingali pengemudi di nagara-nagara sanes! 
Sami.

Mung aya trade off antawis kasalametan sareng penghematan anu waragad na awis 
teuing, contona kawijakan Pemda DKI anu ngawajibkeun motor ngahurungkeun 
lampuna dina waktos siang. Boros luar biasa! Upami kawijakan sarupi diterapkeun 
di nagara-nagara caket kutub mah relevan kumargi siang oge (husuna waktos musim 
dingin) rada angkeub, tapi upami diterapkeun di Jakarta anu waktos siangna 
caang padang narawangan, asa kabina-bina teuing.

Salam,
Asep



Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): "Panas euy lamun mesin mobil  kudu dipaehan"
 Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): "Puguh hese  starter.. der mesin 
dipaehan!"
 Ceuk Nu Motorna Alus: "Motor uing mah irit pisan, moal beak  1cc nungguan 
lampu hejo"
 Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: "Puguh pas distarter teh gas kudu  digedekeun, 
malah leuwih boros, barina oge hoream kudu ngengkol"
 Ceuk Nu Motorna Goreng: "Ngke lamung lampu hejo nu rek  ngadorong motor uing 
saha?"
 Ceuk nu gumasep: "Ieu teh kenalpot weuteuh, impor, geura  dangukeun.."
  
 Ceuk Amerika:
 "Good.. Good.. Good.. You're such a good oil customer of  OUR oil company.. 
keep up the good work!"
  
 iwan
 ukurbisapipilueun
  
  
 ----- Original Message -----  From: kumincir 
 To: [email protected] 
 Sent: Thursday, March 08, 2007 2:51 PM
 Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !

 

dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu  ramah lingkungan, 
di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil  pas kapegat lampu 
beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek,  langit mulek. 
Mun milih dipareuman, manuk ge tingcaruit  nyalampeurkeun.

Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun  panggeuingna teu robah2, 
angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi  talobeh. tah, 
sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana  panggeuing tea.
 
On 3/8/07, irpan  rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                Di 
Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran    
lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh mesinna  
  tetep hurung.

Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi: 
- lampu merah    rata-rata hurungna 1-2 menit.
- hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin    hurung, dina samenit meakeun 
1/sekian liter bensin.
- di jakarta hungkul    aya sabaraha juta motor 100cc ? 
- pisabaraha litereun bensin bakal beak,    sakali lampu merah. 






  
     
                       

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke