Upami ningali cutatan sajarah, malah Bogor kantos janten puseur pamarentahan di 
tatar sunda jaman kapungkur; Pakuan Pajajaran pan ngadegna di Bogor.

Mangga atuh ayi tandang makalangan ngamumule basa titilar karuhun. Ulah hilap 
ngajak seuweu-siwi Pakuan sanesna. Urang sami-sami diajar, nya.

Salam,
Asep (seuweu Garut - Indramayu)
  http://members.tripod.com/pasundan/
  http://hadiyana.tripod.com/meframe.htm
  

"k.putra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 
 sok sirik da abdi mah. bareto, nuju kuliah di bogor rerencangan 
 cakeut abdi sadayana urang batak. jigana teh, pami urang batak pendak 
 sareng urang batak pasti weh ngangge na basa batak. naha ari abdi, 
 sok asa ku sesah teh milarian rencang nyarios sunda. padahal mah pami 
 teu leupat, insyaallah deuih moal leupat bogor teh masih keneh 
 lingkungan sunda.
 
 alesanna teh da basa sunda nu tiasana mung basa sunda kasar. atuh 
 keun wae. sugan engke mah tiasa janten lemes. ulah ieu mah malah 
 dipopoheukeun.
 
 sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa sunda. minimal di 
 lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan, atuh sugan engke 
 mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat teh gaduh 
 program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa nasional kadua 
 saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah pamohalan janteun kadua.
 
 sakali deui urang sunda nyarios sunda.
 
 catetan
 hoyong dileureuskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami ieu tulisan teh 
 aya kalepatan.
 
 
     
                       

 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke