Punten atuh urang lereskeun, aya sababaraha kalimat anu lepat nyeratna ;
leupat -- kedahna ==> lepat
dipangameungan -- kedahna ==> dipangamengan -- kecap asalna : ameng
padameulan -- kedahna ==> padamelan -- kecap asalna : damel
ceunah -- kedahna ==> cenah
cakeut -- kedahna ==> caket
leupat -- kedahna ==> lepat
janten -- kedahna ==> janten
dileureuskeun -- kedahna ==> dilereskeun -- kecap asalna : leres
Pihatur,
ssw
"k.putra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa karuhun urang sunda, tos
langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung sapertos bogor
atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah milarian anu masih
keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah panginten
murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung resep ngangge basa
indonesia kangge basa panganteur sadidinten.
pami di sakola hungkul mah teu nanaon eta oge, da kurikulum
pangajaran di urang nganggena basa indonesia. mung, pami di luar
sakola mah cik atuh ngangge basa sunda. da urang teh aya di ligkungan
urang sunda. ari sanes ku urang sunda nyalira mah, ku saha deui atuh
basa sunda teh bakal dianggo. piraku ku bule ti amerika mah.
da kumaha atuh, di bumi na oge ku rama sareng ibu na teu dibiasakeun
nyarios basa sunda. ceunah pami murangkalih nyarios basa indonesia
teh gaya. naha ari nyarios basa sunda teu gaya kitu, da gaya atuh.
padahal mah eta teh sami sareng maehan budaya sorangan. enya teu ?
sok sirik da abdi mah. bareto, nuju kuliah di bogor rerencangan
cakeut abdi sadayana urang batak. jigana teh, pami urang batak pendak
sareng urang batak pasti weh ngangge na basa batak. naha ari abdi,
sok asa ku sesah teh milarian rencang nyarios sunda. padahal mah pami
teu leupat, insyaallah deuih moal leupat bogor teh masih keneh
lingkungan sunda.
alesanna teh da basa sunda nu tiasana mung basa sunda kasar. atuh
keun wae. sugan engke mah tiasa janten lemes. ulah ieu mah malah
dipopoheukeun.
sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa sunda. minimal di
lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan, atuh sugan engke
mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat teh gaduh
program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa nasional kadua
saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah pamohalan janteun kadua.
sakali deui urang sunda nyarios sunda.
catetan
hoyong dileureuskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami ieu tulisan teh
aya kalepatan.
Recent Activity
13
New Members
11
New Photos
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Yahoo! Photos
Order at Yahoo!
Pick up at Target
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda