Tokoh Kian Santang dina sajarah formal mah teu kacatur, euweuh ringkelna, komo 
dina sumber sajarah primer mah. Kian Santang kapanggih dina carita pantun, 
atawa dina wawacan.
Tapi sok sanajan kitu aya nu nyukcruk saha ari Kian Santang, diantarana Anis 
Jatisunda, pedaranana kapanggih dina majalah bulanan Ujung Galuh anu kakara 
medal bulan Pebruari kamari, hanjakal pedaran Kian Santang dina ieu majalah can 
anggeus, aya tuluyna, sigana bakal nyambung dina majalah bulan Maret ieu, ngan 
majalahna nu bulan Maret can terbit keneh. Malum nu nerbitkeun ieu majalah 
sifatna indie, bahan dikumpulkeun ku sorangan di layout ku sorangan, dicitak ku 
sorangan, dijual ku sorangan, nyaeta ku Kang Aan Merdeka Permana.
Kian Santang putrana Prabu Siliwangi, duka ti istri nu mana can kabaca, ari 
ngaran lengkepna Ki Hyang Santang Aria Cakra Buana, sok disingget Kian Santang.
Dian sajarah resmi aya ge Raden Cakra Buana keur ngorana katelah Walang 
Sungsang boga dulur ngarana Raja Sangara jeung awewe Rara Santang, satuluyna 
Rara Santang boga budak Syarif Hidayatulloh nu engkena jadi Suna Gunung Jati ti 
Cirebon.
Aya deui nu nulis Kian Santang teh Kean Santang, ari kean cenah mah tina 
Rakean, jadi euweuh hubunganana jeung Ki An San Tang.
Dina wawacan Gagak Lumayung, teu dijujut awalna, ngan geus jleg gede weh, geus 
neangan kasaktian ka tanah Arab nu satuluyna panggih jeung Bagenda Ali tea.

Bisi hayang majalahna sok we ulin ka uing, pan geus nyaho imah uing teh lin..? 
( heueuh saprak uing teu gawe, didinya ge lep les siga nu embung nganjang ka 
uing, ngan mun rek ulin ka uing nelepon heula bisi uing keur euweuh...)

MSasmita

  ----- Original Message ----- 
  From: mamat rachmat 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, March 13, 2007 8:44 AM
  Subject: [Urang Sunda] Kian Santang


  Sababaraha waku katukang, kuring ngobrol jeung saurang babah anu soleh, 

  istiqomah dina ibadahna.. 

  Menahna dilahirkeun di Garut.

  Bumina di l. Pajajaran, Bandung.

  Pakasababanana kana sol sapatu jeung bisa mijet.

  Unggal waktu lohor, solatna di Masjid tukangeun imah (Sarijadi)

  Teu siga tukang sol anu lain, ieumah ginding, awakna bodas, bersih, berseka.

  Bajuna make jastong, ngagandong ransel eusina tukang alat sol, ari ladamnamah 
di cekel

  Tilu bulan katukang, anjeuna mawa alona (sarua babah keneh) ka Masjid..

  Hayang asup ISLAM, 

  Sanggeus di Bai'at, nepi ka ayeuna manehna sok pirajeunan datang , diskusi.

  Dian diskusi eta aya pertanyaan anu teu bisa kajawab ku simkuring..

  Sugan para wargi sadaya tiasa nulungan...

  Pertarosanana..

  "Ari Kian Santang teh urang mana"?

  "Naha aya kaitanana jeung urang cina, pedah wae gelarna KIAN jeung SANTANG?"

  .. teuing teu bisa ngajawab..



  Hatur nuhun...
  Mamat Rachmat, mantan jajaka kakapaksa
   

Kirim email ke