Hatur nuhun Ua Sidik.......
Iraha bade mulih (nganjang?)  deui ka lemah cai.....

----- Original Message ----- 
  From: Siddik Wiradireja 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, March 13, 2007 9:59 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Waktu Sunda



  Bade dijojoan anu terangna we, punten pang lereskeun upami lepat.
  manawi kaanggo.

  ssw
  mamat rachmat [EMAIL PROTECTED]
    Neraskeun obrolan jeung babah
    Iwal ti Kian santang, manehna nanyakeun Ngaran waktu dina basa sunda
    Anu kapendak ku simkuring :
    Kongkorongok hayam         jam 3 subuh
    Wanci/waktos/waktu biasa hayam kongkorongok munggaran..
    Carangcang tihang               jam 5.30 isuk-isuk
    Wanci/waktos/waktu tihang-tihang bumi ngawitan  katinggal/wates
    antara poek sareng caang/jelas, dina wanci ieu sakur barang tos tiasa 
    katinggal belegedeganana, namung teu acan jelas. 
    Meletek Panon poe              jam 6.00 isuk-isuk
    Wanci/waktos/waktuna panon poe mucunghul 
    Pecat sawed                   &n bsp;     jam 11-an
    Wancina/waktosna/waktuna patani ngaleupaskeun sawed tina punduk munding 
dina usum ngawuluku/ngagaru disawah.
    Dedeg poe                           jam 12-an
    Lingsir ngulon                       jam  15-an
    Wanci/waktu/waktos panonpoe condong ka kulon
    Sareupna                             jam  18-an
    Wanci/waktos/waktuna sa-reup-reup-eun bade poek, sawangsulna tina
    carangcang tihang
    Budak ceurik                      jam  24-an
    Wanci/waktos/waktuna budak anu tos sare lilir munggaran, ceurik hoyong
    nyusu.
    .ngan pertarosnana kumaha cenah "asbabun nuzulna" ?. ...
    Cing tulungan... Kumaha cenah..
    Sugan Kang Oman bin "kamus berjalan", oge para wagi sadaya mugi tiasa 
nulungan..
    Hatur nuhun.....
    Wassalam : Mamat Rachmat Mantan Jajaka Kapaksa 
     





  http://cikundul3.multi ply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

   

Kirim email ke