Baraya sadayana,

Ti batan ngadaweung ngagado bangkong kumaha upami urang sisindiran (rarakitan, 
paparikan atanapi wawangsalan) geura. Kamana we lah ieu mah keuna-na.

    Ekspres Bandung - Surabaya,
    Digantolan kikinciran,
    Neda ma'lum ka sadaya
    Abdi bade sisindiran

    Kalayar buah kalayar
    Lebet ka cabe mah henteu
    Lumayan tambi lumayan
    Lebet ka sae mah henteu

    Hanggasa bawa ti gunung,
    dipipit bawa di rawa
    Kasaha nya sumalindung
    Nitipkeun raga jeung nyawa

    Boboko ragrag ti imah
    Ninggang kana pileuiteun
    Nya bogoh ulah ka semah
    Ari balik sok leungiteun

    Leuleupeutan leuleumeungan
    Ngarah kekejoanana
    Deudeukeutan reureujeungan
    ngarah tetenjoanana

    Itikurih Bentang Sinar
    Maen di lapang Cicendo
    Nyeri peurih kunu anyar
    matak henteu hayang nenjo

    Majar Maneh cengkeh koneng
    Kulit Peuteuy dina nyiru
    Majar maneh lengkeh koneng
    Kulit beuteung mani nambru

    Pipiti di bungawari
    Tetenong dibobokoan
    Lalaki jaman kiwari
    hade omong pangoloan

    Meuleum manggu tengah poe
    Dicokelan kayu api
    Malem minggu ninggang sue
    Diapelan aki-aki

    Pileuleuyan cangkang beas
    Huut sajeroning kejo
    Pileuleuyan urang ikhlas
    Imut sajeroning nenjo

    Saninten buah saninten
    Dibawa ka parapatan
    Hapunten abdi hapunten
    bilih aya kalepatan        

Cag, ah ! sakitu heula sanes waktos di sambung deui.

 
Salam Sejahtera,
 
DSKCG


                
________________________________________________________ 
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke