Muhun memah leres kang.... pami di taluntik langkung waos paosmah basa sunda teh seer pisan nya kecapna.... kadang abi oge sok teu eungeh.... padahal eta teh kecap basa sunda...... rees pisan ..... lah
----- Original Message ----- From: Asep Hadiyana To: [email protected] Sent: Wednesday, March 14, 2007 8:21 PM Subject: Re: [Urang Sunda] sunda nyarios Sunda Kahatur sadayana, Nambihan deui, nembe kaemut kecap-kecap: - pengker sareng peungkeur - beber sareng beubeur Mangga nyanggakeun ka saderek-saderek conto-conto kalimahna anu ngagunakeun kecap-kecap eta. Kacindekannana, numutkeun pribados, kang Netta teh maparin gambaran yen basa Sunda teh beunghar ku vokal (sora hirup); dina basa Sunda dikenal sora hirup e sareng eu anu diwujudkeun dina bentenna hartos akibat bentenna sora. Sanaos seueur kecap-kecap sanesna anu ngandung sora hirup e atanapi sora hirup eu anu henteu tiasa dianalogikeun sareng kasus ieu, kabeunghaaran sora hirup dina basa Sunda kedah dipertahankeun, sapertos anu dipidamel ku Apih Sidik ku cara ngalereskeun seatan anu lepat. Eta mah pamendak pribados, tiasa wae benten sareng pamendak anu sanes. Mangga lereskeun upami aya kelepatan. Mudah-mudahan ku cara ieu, urang tiasa leubeut ku pangaweruh (henteu ngan leubeut ku buah hungkul, he he he). Bilih aya kelapatan dina cara ngadugikeunnana, neda ulah dilebetkeun kana manah. Pihatur, Pun Asep <!--[if !supportLineBreakNewLine]--> <!--[endif]--> surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kakoncarana mah..sanes "maen bal' tapi "mengbal"... ---------------- diteukteuk ku kuncen...........

