Kade Teh Roro... eta mastaka bilih meotan... hahahaha...
Nya eta, urang mah biasana Disiplin kana hutang teh, Tapina Teu Disiplin
palebah mayar mah.
Hutang anu bermasalah dina Kartu Kredit di nagara urang teh gede pisan. dina
bulan Agustus tahun 2005 wae, NPL (Non Performing LOan/ Kredit bermasalah)
Kartu kredit aya dina angka RP 1,088 Triliun... Tah coba... enolna sabaraha
hiji... loba pisan euy... hihihihi...
Nya ari rumasa can bisa mayar mah, ceuk kuring mah tong digesekeun atuh.
Bolongan weh kartu kredit teh, trus jadikeun gantungan konci. hihihihi...

-Bohay-

On 15/03/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Ngiringan ngadongeng, hoyong nganggo basa cohag ah…

Kadenge keneh dina ceuli kuring sora Mang Jaya (dongeng Sunda di radio
taun 80an) nu halimpu…"Pamiarsa, cing Lagu naon nu pangraosna?"...
"Moal enya teu aya nu terang?..." tanya Mang Jaya sakali deui.
Mun seug jaman ayeuna pasti krung-kring nu ngajawab make telepon, hanjakal
haritamah baroraah telepon…paling ge ukur ku seeng heheh…
"Lagu Nganjuk! Pamiarsa…hehehe…". Dijawab ku Mang Jaya sorangan.
 Bener mun dipikir, Lagu Nganjuk teh lagu nu pangeunah-ngeunahna. Lagu
mayarnamah huk-hék...tibabaranting sagala diketrukeun, ti nu badag nepi kanu
bubuk. Teu mahi, mbung atawa teu boga keur mayar, kapaksa ciga budak leutik,
ulin ucing sumput jeung nu nagih.
Keur urang Indonesia mah, ngahutang teh geus jadi sakulit sadaging komo
ieu mah ngahutangna ka nagri batur nu teing iraha lunasna, wariskeueun jaga
ka anak incu. Ari keur urang Sunda mah, ceuk kolot baheula ieu ge, nganjuk
teh diluluguan ku urang Tasik. Cik geura titenan lolobana tukang
ngiridit/nganjukkeun teh urang Tasik pan? Jeung geus kawentar kamana-mana di
sakuliah lemah cai yen mana-mana urang Tasik, pasti Tukang Kiridit… (harrr
maksa ieu mah, pis ah ka urang Tasik heheh). Issshh… ketang, matak
manganjukkeun ge urang Tasik mah balaleunghar.

Jaman kiwari, nganjuk teh meuni babari, malahmah diteangan ku bank nu
hayang nganjukna ge. Nyieunna babari kari ngeusian formulir, mun gajih teu
mahi kari diakalan (sssstttt…eta ge dititah ku sales kartu kiriditna),
nungguan sakeudeung, jadi weh kartu ajaib. Ngan saukur ngabogaan hiji
plastik sagede KTP  kari  "digesekkeun"… (Sundana?Didaliskeun kituw?)
simsalabim! sagala nu dipikahayang kacumponan.
Mindeng kuring naek angkot, digigireun aya awewe geulis, ni ginding. Pas
rek mayar ongkos ka kenek…Gusti! Eta kartu kiridit meuni naratay dina
loketna, sugan mah unggal bank dianjukkan. Jadi inget ka babaturan nu
ngabogaan loket nu eusina ciga kitu. Watir, hirupna diudag-udag nepi ka
kantor sagala, antukna kaluar gawe. Telepon imahna dipegatkeun, ganti no HP,
ampir-ampiran pepegatan jeung salakina, cigana teh hirupna teu tumaninah.
Teu hiji dua babaturan nu kitu teh teh…loba. Malahmah babaturan adi kuring,
ngahaja kaluar ti pagaweanana, pesangonna keur nutupan urut kartu kiridit.
Pindah gawe ka Tangerang, pausahaanana kalahka bangkrut. Aya deui nu nepi ka
ngajual imah…Naudzubillahimindzalik!

Alhamdulillah, saumur gumelah kuring can kungsi boga nu ngarana kartu
kiridit (makena ge teu nyaho-nyaho acan, tapi mun ningali mah osok, digesek,
trus ditandatangan). Salian ti ningali nu jadi babaturan loba nu jadi
sangsara balangsak, kuring inget mun kaburu paeh teu bisa mayar hutang
kumaha? Karunya kanu hirup…Barinage, keur nanahaon ari teu perlu-perlu
teuing mah, sanajan diteleponan we ku sales kartu kiridit, meus-meus kring
ti bank itu…meus-meus kring ti bank ieu. Sakapeung mah bari maksa tea,
ditembalan rada heuras,"Kalau begitu Bapak maksa saya untuk hidup konsumtif
dong… Maaf, Pak saya tidak butuh kartu kridit!".
Tong boro kuring, najan adi kuring nu geus garawe ge teu kabaritaeun
nyieun kartu kiridit. Masing kapi adi ge di kulawarga kuring mah sok silih
mapatahan, kamari basa adi kuring nu ti Jawa Timur ka Bandung mapatahan soal
ngahutang alias nganjuk.
Ceunah :
Sah-sah we urang ngahutang tapi kudu aya ancona keur mayar, jelasnamah
kudu DISIPLIN KANU HUTANG…meh dibere ngahutang deui heheh. Da, jaman kiwari
mah mun hayang nanaon ari teu ngahutang mah moal boga nanaon. Heug deuih
ngahutang ge kudu ningali heula, contona ngiridit imah, tanah, motor/mobil,
nu sakirana teu ari tong dipaksakeun, komo bari keur foya-foya mah.
Indung kuring sok reueus ka manehna, rikrik gemi, bisa ngeureut neundeun
ceunah. Enya oge mun dipikir leutik-leutik geus boga sagala, malahmah
babaturanana loba nu nyangka korupsi. "Ke heula anan, teu sudi teuing make
duit korupsi! Barinage naon nu dikoruspsi keur pagawe leutik ciga kuring?"
ceuk manehna. Sakapeung kuring ngacungkeun dua indung leungeun ka manehna
bakat ku hayang beunghar. Sakapeung kuring ge sok karunya, daharna teh ngan
saukur jeung kuah meong, karunya alo kuring bisa2 kurang gizi heheh. Tapi
manehna wijaksana oge, keur alo kuring mah gizi masih keneh
pangheulana….Alhamdulillah.
Dina hiji poe :
"Urang jaralan-jalan yuk, loba diskon geura sugan we meunang nu alus,
balikna urang ka restoran Jepang…" ceuk hiji babaturan kuring balik gawe.
"Mbung ah, teu boga duit da can gajihan jaba tanggal kolot deuih keur
meujeuhna paceklik kieu boro-boro hayang balanja" tembal kuring.
"Ih, maneh mah ni kampungan, atuh make kartu kiridit kari "ngagesek" moal
enya wayah kieu teu boga kartu kiridit?...
"Nyaan uing mah teu boga kartu kiridit", tembal kuring deui.
"Wani naon sok …?!" ceuk manehna keukeuh bari nyureng.
"Wani….wani….(duh, naon nya? wani medu mah mindeng teuing…tah karek
inget…)
"WANI PEOT HULU!…(inget ka dulur kuring mun keur heureuy).
ro2
sieunkuhutang



>>> [EMAIL PROTECTED] 03/14/07 01:49PM >>>
Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh.
Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna
ngagilir-gilir we.
Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi we butuh.
hehe

baktos
tantan

Kirim email ke