heuheuheu...kabayang nu nampa hadiahna :D
Meureun teu kieu :
"Akang, nanahaonan ieu teh?!!!


Isuk pagetos putus we...hehehe



Neng Iva

--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kabogoh si Jay ulang taun. Bingung si Jay teh, da kakara
> bobogohan bari jeung teu apal rek mere hadiah naon.
> Sanggeus tunyu-tanya ka babaturanana, Si Jay ahirna 
> mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng. 
> 
> Ngahaja meulina oge di Mol, meh model jeung warna-na bisa
> milih sakarep. Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir.
> Ku sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan
> barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna
> topi nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero
> nu dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna. 
> 
> Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna,
> si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana. 
> Kotret nyieun surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan eta.
> 
> Kieu eusi suratna teh :
> 
> Neng...
> ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng, kusabab
> akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan.
> Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab akang kungsi ningali
> neng nganggo nu warna hejo. Akang yakin ukuranana pasti pas,
> sabab samemeh dipeser, ku akang dicobian heula. ukuran urang
> pan sami. Hoyongna mah neng, akang nu mang-nganggo-keun ieu 
> ka Neng teh ...
> 
> Mun Neng resep kana hadiah ti akang ieu, Dinten saptu engke 
> dianggo nya...
> 
> 
> salam sono. 
> -Akang-
> 
> 
> NB :
> Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah
> sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun, bari rambutna 
> katingali sakedik.
>


Kirim email ke