wah wah..wah....
  leres ieu maceuhna teh nya..........
bwahahahhahahaha..........
  kabayang kumaha geumpeurna tah si eneng teh
  
  beungeutna pasti beureum
  teuing isin...
   teuing hoyong geura-geura nyobian
  teuing oge hoyong enggal-enggal ngababuk si Jay...
  heu heu heu
  
  
  -LN-
  
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                               
   Kabogoh si Jay ulang taun. Bingung si Jay teh, da kakara
  bobogohan bari jeung teu apal rek mere hadiah naon.
  Sanggeus tunyu-tanya ka babaturanana, Si Jay ahirna 
  mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng. 
  
  Ngahaja meulina oge di Mol, meh model jeung warna-na bisa
  milih sakarep. Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir.
  Ku sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan
  barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna
  topi nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero
  nu dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna. 
  
  Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna,
  si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana. 
  Kotret nyieun surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan eta.
  
  Kieu eusi suratna teh :
  
  Neng...
  ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng, kusabab
  akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan.
  Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab akang kungsi ningali
  neng nganggo nu warna hejo. Akang yakin ukuranana pasti pas,
  sabab samemeh dipeser, ku akang dicobian heula. ukuran urang
  pan sami. Hoyongna mah neng, akang nu mang-nganggo-keun ieu 
  ka Neng teh ...
  
  Mun Neng resep kana hadiah ti akang ieu, Dinten saptu engke 
  dianggo nya...
  
  salam sono. 
  -Akang-
  
  NB :
  Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah
  sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun, bari rambutna 
  katingali sakedik.
  
  
      
                                    


Lygia Nostalina,SH  
Operational Manager Pacific Data network  
telp. 08179265770 office. 022-7835099 - 7810017  
www.pecintahujan.multiply.com  
[EMAIL PROTECTED]
 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Kirim email ke