Hoyong dongeng deui ?
Ke, de ngorong heula...eh ngarang heula nya..
heu heu... ni resep Neng Ina mah kana dongeng teh..


-dul-

--- In [email protected], "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hahaha... 
> lagi kang.. lagi dongengna... :))
> lucuuuu......

(bari ajrut-ajrutan jeung keprok)


> 
> ----- Original Message ----- 
>   From: ndoell 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Thursday, March 15, 2007 12:10 PM
>   Subject: [Urang Sunda] Topi
> 
> 
>   Kabogoh si Jay ulang taun. Bingung si Jay teh, da kakara
>   bobogohan bari jeung teu apal rek mere hadiah naon.
>   Sanggeus tunyu-tanya ka babaturanana, Si Jay ahirna 
>   mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng. 
> 
>   Ngahaja meulina oge di Mol, meh model jeung warna-na bisa
>   milih sakarep. Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir.
>   Ku sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan
>   barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna
>   topi nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero
>   nu dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna. 
> 
>   Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna,
>   si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana. 
>   Kotret nyieun surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan eta.
> 
>   Kieu eusi suratna teh :
> 
>   Neng...
>   ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng, kusabab
>   akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan.
>   Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab akang kungsi ningali
>   neng nganggo nu warna hejo. Akang yakin ukuranana pasti pas,
>   sabab samemeh dipeser, ku akang dicobian heula. ukuran urang
>   pan sami. Hoyongna mah neng, akang nu mang-nganggo-keun ieu 
>   ka Neng teh ...
> 
>   Mun Neng resep kana hadiah ti akang ieu, Dinten saptu engke 
>   dianggo nya...
> 
>   salam sono. 
>   -Akang-
> 
>   NB :
>   Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah
>   sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun, bari rambutna 
>   katingali sakedik.
>


Kirim email ke