almarhum Mang Ayat teh sarjana (s1) di widang arkeologi, tapi ari disertasi doktorna teh khusus nalungtik dina widang linguistik. tahun 1978 mah Mang Ayat teh salah sahiji doktor linguistik sa Asia Tenggara anu ngarintis metakeun hiji wewengkon anu didasarkeun kana "kesamaan" harti jeung "ucapan" bahasa di hiji etnis jeung etnis sejenna di hiji nagara atawa lintas nagara. tah ayeuna, elmu eta teh aya "penerusna" di lingkungan FIB,. Malihan mah eta "murid" mang Ayat teh tos jadi profesor deuih (prof.Dr. Multamia Lauder). Tah, tina ngulik lintas disiplin elmu eta teh, geuning aya sababaraha hasil temuan arkeologi anu tiasa dijelaskeun sacara gamblang ku cara pandang elmu linguistik. Sok geura taroskeun ka Kang Mumu, kumaha cara pandang Mang Ayat ieu, "sangat mempengaruhi" para elmuwan muda di FIB UI.
baktos, mrachmatrawyani --- hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Ua > > Engke ku kuring dipilari di tempat "peperenian" > aya teu kamus Palaung-Inggris teh. > Jadi ngiring panasaran..... > > Basa kamari ningali hasil "panalungtikan" Pa > Inotji nu ngababandingkeun kecap-kecap basa Sunda > jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu > sarua atawa meh sarua, boh dina harti, oge dina cara > ngalafalkeunana. > > Kitu oge basa Sunda jeung basa Dayak, rea nu > sarua. Komo bas Sunda disandingkeun jeung basa Bali > mah, tambah rea deui nu sarua kecap-kecapna teh. > > Ceuk hiji teori, bahasa Austronesia, nu jadi cikal > bakal bahasa di nusantara jeung sabudeureunana, > baheula sebaranna ti kawit Madagaskar dugi ka > kapuloan Pasifik. Matakna teu pati aneh mun seueur > kecap-kecap nu meh sarua jeung bahasa urang sabrang. > > > Baktos, > pun hendra ____________________________________________________________________________________ Don't pick lemons. See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. http://autos.yahoo.com/new_cars.html

