Presiden lain sarjana ge ceuk kuring mah teu nanaon. Nu penting mah kudu 
nyarjana. 
  Alus lamun sarjana mah, tapi sarjana anu pituin. Nyaeta sarjana anu nyarjana 
tea.
   
  Jaman kiwari mah rea jalma anu  titelna we rembel. Mun  ditulis direntetkeun  
eta titelna teh meh sajajareun buku tulis, tapi moralna caretek, deet pisan
  Keur maranehna anu karitu mah  jargonna teh " Tingkatkan mutu SDM " cenah.
  Tapi cindekna mah  singketan SDM na teh bet tina  "Selamatkan Diri Manehna". 
   
  Jalanna keur "nyalametkeun " dirina sorangan atawa golongan teh nyaeta ku 
cara makmak mekmek , korupsi, nyalahgunakeun wewenang, meres batur, kuduna 
melayani batur malah ieu mah maksa hayang dilayani. Pokona mah kumaha wae 
jalanna sangkan dirina bisa senang jeung "salamet"  kajeun batur mah rek utah 
uger oge, kekelepekan kawas hayam ku tetelo ge. Teu paduli.
  Beas mahal sakumaha mahalna ge teu paduli, nu penting manehna masih keneh 
dahar beas Cianjur.Jalan macet  sakumaha macetna ge nu antukna  penggunaan BBM 
boros sakumaha borosna ge teu paduli oge. Nu penting manehna mah  naek mobil 
make kawalan pulisi bari teu ngarasakeun kumaha batur anu kamacetan kulantaran 
disingrang singraykeun rombongan mobil  manehna.
  Teu paduli kareta api tiguling unggal poe oge, nu penting manehna mah tong 
hayang  make kareta. kitu oge kapal titeuleum . Imah rahayat kabanjiran . Teu 
,teu paduli. Coba we pan aya komentar pajabat  , anu kuduna nguruskeun anu 
kabanjiran , ieu mah malah nyarita. " Rayat Jakarta kabanjiran ge  teu jadi 
masalah, buktina?. Tuh tingali cenah dina TV  sakur nu kabanjiran masih keneh 
bisa seuri" , kitu pan ? .
  Ah  lieur nu matak ge.
  Sigana mah teu kudu aya pamarentahan/presiden  sugan ?.
   
  NB:
  Kang MJ, punten rada  sesah nedunan jangji sim kuring tea. Asana  nulisna 
kedah timana heula. nya?. Can aya ingspirasi. Sareng kamari ieu mah sim 
kuringna sibuk pisan " ternak teri" di rorompok teh. Ayeuna ieu uteuk asa 
merengkel wae. Hese mikir. Ma'lum uteuk geus lawas umurna. 
  Jangjina diralat nya?. Iraha wae lah mun salse jeung aya gadag. He..he..he. 
Punten ah kang.

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          
baheula mah cenah pikeun ngajegal mega nu teu sarjana.

tapi da kumaha gening...

presiden ayeuna teh doktor widang pertanian, ASLI, ti Institut Pertanian
Bogor. lain honoris causa.

tapi teu ngaruh kana urusan pare gabah beas kezzo. angger we kitu. harga
beas naek, impor, beres. panen gagal, impor, beres. saha we presidenna,
urusananana angger we soal eta. heuheu.

-------
Cenah, aya RUU nu nyaratkeun yen Presiden Republik Indonsia, syaratna
kudu S1 (Sarjana). Beu ..... teu lieur kitu ieu syarat teh? Ayeuna oge
Presiden Indonesia teh boga gelar Doctor, aya kitu kamajuan? kitu-kitu
keneh.

Ieu mah ngajejeleh kamampuan jalma. Padahal loba jalma nu sukses,
pinter bari teu boga izasah. Pa Ayip Rosyidi salah sahiji contona,
izasah SMA wae teu gaduh. Tapi geuning anjeunna kamampuanana
ngaleuwihan nu boga izasah formal. Eta dina widang pangaweruh, komo
deui dina widang politik, nu kuduna mah leuwih muka keur saha wae.

Eh .... tapi aya nu surak, da merema, tukang nyieun izasah palsu!

Baktos,
WALUYA

mj

http://geocities.com/mangjamal



         

 
---------------------------------
Don't get soaked.  Take a quick peek at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.

Kirim email ke