Kang pami aksara sunda nu dina wikipedia di etang teh seueurna aya 25 teu acan ka leubeut anu vokal, pami di bandingkeun sareng nu ka pendak ku abdi mah pami teu leupat aya 18, nya eta anu ha na ca ra ka jeung sajabana.... tapi ninggal kadinya saleresna nu leres nu mana, sareng salerena jenis aksara sunda teh aya sabahara rupi....?? hatur nuhun ka sateuacana...
----- Original Message ----- From: kumincir To: [email protected] Sent: Tuesday, March 20, 2007 12:18 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Aksara Sunda Manawi tiasa kabantos, mangga aos pedaran ngeunaan aksara Sunda ti Wikipedia di alamat http://su.wikipedia.org/wiki/Aksara_Sunda On 3/19/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Mung aya kapanasaran, naha aya buktosna kanggo aksara Sunda éta sapertos upamina waé aya prasasti anu ditulis nganggoa éta aksara. Pribados neda pitulung ka para wargi anu langkung uninga ngeunaan aksara Sunda éta; hatur nuhun sateuacanna.

