Haturan kang Sidik......
Tos laminya urang teu patepang, kumaha daramang sadayana..?
Teu karaosnya bakus tos bade HBH anu ka 4, atuh tiasa persiapan ti ayeuna.
Kang...!, teteh mah HBH teh hoyong bari siduru, meleum hui, sampeu.....aya api
unggun, janten ngendong na ge dina tenda-tenda .....di kaki gunung.....tiris
tapi resep bari diharudum sarung........ach, matak waas.
Sok ah, ka panitia geura enggal acarakeun...ulah hilap kahayang teteh, hayang
siduru.....he he
ipeut
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
HBH teh singketan tina Halal Bi Halal, biasana diayakeun saparantos boboran
siam,
diayakeun kanggo silaturahmi wargi Kusnet, kalayan henteu ditarik iuran, mung
disayagikeun kontak sumbangan.
Dugi ka kiwari HBH nembe diayakeun tilu kali,
ka 1/taun 2004/1425 H di Taman rekreasi Cimalati, Cimalati, kab. Sukabumi
ka 2/taun 2005/1426 H di Villa Batan, Cipanas, kab. Cianjur
ka 3/taun 2006/1427 H di Pasantren Keresek, Cibatu, kab. Garut
ka 4/taun 2007/1428 kabupaten mana + tempatna teu acan aya kacindekkan.
Tos janten hiji kabuledan tekad ieu acara HBH digilir, ka tiap kabupaten,
maksadna
supados wargi anu asalna ti luar eta tempat/wewengkon HBH, supados
terang/mikawanoh ka eta daerah/wewengkon anu dianggo HBH.
Syaratna eta wewengkon teu tebih teuing ti Jakarta sareng Bandung, nya kitu
deui tempatna anu kinten-kinten kabedag ku waragad anu teu ageung.
Manawi saderek kagungan usulan tempat...??, mangga alungkeun ka milis.
ssw
anu sok jadi pamangku hajat HBH
kuncen #6#.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com