usul....
  ka dulur2 anu di kusnet simkuring gaduh usul, kumaha pami kusnet ngadamel 
chatroom? ngarah langkung raos ngobrolna langsung online. Tah nyanggakeun ka 
saderek anu gaduh katiasa dina widang IT, mangga pintonkeun sareng terapkeun 
elmu pangaweruhna kanggo kamajengan urang sunda.
  ngenaan tempat kanggo HBH, kumaha pami di BOGOR tepatna di KRB atanapi di 
villa ngarah ka saba kusadayana, pami teu lepat mah apan seuseueurna mah urang 
aya di dayeuh nagara (Jakarta) janten langkung gampil kempel minimal 50% hadir.
   
  baktos : putra

mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Komo dina acara riungan, cohagna mung saukur jalmi duaan, urang kudu 
bisa inisiatif ngabuka komunikasi. Kumaha mun duanana pada2 isin 
atuh moal kenal2. Antukna bete we. Komo dina riungan sapertos HBH. 
Ulah ngantosan panitia hoyong dikenalkeun. Da bilih panitia ge 
riweuh kaditu kadieu. Urang we nu inisatif nyalira, ngiring ulubiung 
ngawanohkeun nyalira. Piceun kaisin, piceun sieun teu diaku, jaman 
kiwari mah geuning Pede ajah lagih...hehehe. 
Ari abi mah deuih mun aya nu isinan, abi ge kalah ngiring isin :)
Tuh matakna ulah arisinan ari sumping ka HBH baraya :D



Neng Iva

--- In [email protected], Siddik Wiradireja 
wrote:
>
> Saleresna tong boroning dina HBH Kusnet, ampir dina sadaya 
riungan, seueurna tamu-tamu anu sarumping teu anu teu wawuh, ari 
sanes dina riungan kulawargi atanapi riungan 
> sa-alumni mah.
> Kantun kumaha urangna, bade dimana urang nempatkeun diri, naha 
bade nempatkeun
> dina lebet eta komunitas atanapi bade nempatkeun diluar 
komunitas..?? 
> Upami bade nempatkeun diri dina lebet eta komunitas, kantun 
solongkrong we, derrr
> ngobrol ngaler ngidul, lami-lami oge janten wanoh.
> Upami bade nempatkeun diri diluar eta komunitas, tangtos sadaya 
tatamu teu aya 
> anu wawuh, asa disapirakeun, asa janten hayam panyambungan.
> ISIN bin ERA....??, nya hal ieu pisan anu kedah dipiceun, dina 
enggoning 
> ngalalanyahan "tandang makalangan", margi upami eta 
sifat/raraosan digugugulung
> wae, bade iraha urang tiasa jengkar kadunya luar.
> Janten upami ngaraos wargi Kusnet, teu kedah rengkag-rengkog, 
sumping moal-
> sumping moal, ari sanes aya halangan anu teu tiasa dirempag mah.
> Apan dina ulemanana oge biasana kum kasadaya wargi Kusnet, tara 
di wilah-wilah.
> 
> Pihatur,
> ssw
> 
> 
> 
> ndoell [EMAIL PROTECTED]
> Saleresna mah, sok aya riungan-riungan anu disebut 
Kopdar.
> aya Kopdar anu rutin, aya oge Kopdar dadakan. Mun bade aya riungan
> sok diwawarkeun di milis. 
> 
> Kopdar Rutin sok diayakeun keur ngabahas pasualan-pasualan nu aya
> pakuat-pakaitna jeung Kukusnetan. Ari Kopdar dadakan mah, biasana
> Kopdar nu diayakeun ku baraya-baraya anu nembe sumping ti luar 
> Nagreg, hoyong pendak. Biasana mah pendakna di restoran atawa 
> ditempat umum.
> 
> Mangga, nu teu acan wanoh, nu hoyong diaku, tong asa-asa 
ngiringan. 
> Tapi sakapeung sok aya anu alesan,"Ah..asin, eh isin da teu aya nu 
> kenal.." Padahal mah ku riungan teh matak jadi pada-pada kenal, da 
> pastina oge moal disaha-saha. Estu dibageakeun pisan.
> 
> Balik deui kana tujuan ulubiung dina milis. Mun enya tea mah hayang
> ngamumule basa jeung budaya sunda, teu aya lepatna mun aya kagiatan
> teh ngiring aktif. Teu kudu dijujurung komo disuntrungkeun, tapi
> kudu gaduh inisiatif nyalira.
> 
> Kuduna mah nya Kang,
> Tong ngan saukur gagayaan marake kaos Kusnet anu aya tulisan 
> "HALING KU AING", ari dina prakna silih dedetkeun ka batur.
> 
> Sanes kitu ?
> 
> -dul-
> kompor : hurung
> 
> 
> 
> 
> Recent Activity
> 
> 15
> New Members
> 
> Visit Your Group 
> SPONSORED LINKS
> 
> Culture change 
> Corporate culture 
> Cell culture 
> Organization culture 
> Tissue culture
> 
> Got Yodel?
> Best Yahoo! Yodel
> Give us your best
> yodel and win!
> 
> Yahoo! Photos
> Order at Yahoo!
> Pick up at Target
> 
> Y! Messenger
> Files to share?
> Send up to 1GB of
> files in an IM.
> 
> 
> 
> .
> 
> 
> 
> 
> 
> http://cikundul3.multiply.com
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke