Saleresna upami para wargi milis enggal lebet ka ieu milis saena mukaan heula 
pabetekan postingan-postingan heubeul dina Yahoo Groupsna, atanapi noong heula 
ka web site
  http://www.urangsunda.or.id atanapi http://www.urangsunda.net atanapi 
http://www.urangsunda.com tah didinya tiasa dikotektak perkawis-perkawis anu 
sering 
  janten patarosan wargi milis enggal.
  Khusus perkawis HBH. ku sim abdi urang pedar deui, naon kasangtukangna, 
kumaha asal-usulna, naon tujuanana, kumaha prak-prakanana..??
  Kasangtukang :
  Upami urang merhatoskeun postingan dimilis, silih tempas antawis si A, si B 
sareng si C, sapertos sobat anu parantos dalit, namung upami di taros ka si A, 
kantos tepang sareng si
  B atanapi si C..??, walerananan ampir 70~80%an, teu acan kantos tepang, 
namung aruningaeun si B aya di anu si C aya di anu.
  Janten dalitna si A sareng si B, si C mung dina milis, di alam maya wungkul.
  Asal-usulna :
  Tah ku ayana kasangtukang eta, sim abdi gaduh gagasanan, eta tali 
silaturakhmi anu tos
  nganteng diantawis para wargi milis dialam maya, urang raketkeun dialam 
nyata, 
  tepung lawung, paamprok jonghok.
  Ceuk pangemut sim abdi, wancina anu mustari kanggo ngaraketkeun eta tali 
silaturakhmi
  teu aya deui iwal ti Halal bi Halal sabada boboron siam.
  Tujuan :
  Ngawanohkeun anu teu acan wawuh, ngaraketkeun anu tos wawuh, silih wangikeun 
anu
  tos raraket, pikeun megaskeun paripaos basa Indonesia : "Tak kenal maka tak 
sayang".
  Sajabina ti eta oge, sakantenan milarian waragad kanggo nambih-nambih 
kencleng yayasan
  "Perceka" upami aya sesa tina waragad HBH (alhamdulillah tujuan nu ieu mah 
mung 
  kacumponan dina HBH ka 1 taun 2004 di Cimalati, Sukabumi, HBH ka 2 sareng ka 
3 mah
  lapur kencleng teu ka eusi).
  Prak-prakanana :
  Saparantos nyaketan kana waktosna, teras ngadamel rengrengan panata calagra, 
nembe nangtoskeun tempatna, kalayan dilongok/survey kupanata calagra.
  Upami eta tempat kapeunteun ku panata calagra, nembe di embarkeun di milis.
  Catetan : sadaya rengrengan panata calagra, teu dibayar, teu kenging honor, 
sadayana
  estuning Lillahi ta'ala, demi Kusnet demi Sunda.
  Dina HBH sajabina silaturakhmi, tuang sasarengan (katuangan Sunda), aya oge 
bazaar
  ti para wargi milis anu nyandak dagangan, aya oge pintonan seni Sunda.
  HBH 1, dipirig ku mamaos Cianjuran ti Cianjuran.
  HBH 2, sajabina tipirigan kacapi-suling, aya pintonan tari Merak tari Topeng, 
sumbangan
              ti lingkung seni IPB.
  HBH 3, mintonkeun bubuka Pantun, tari Hadro, longser sumbangan ti grup 
mahasiswa/i 
              ASTI Bandung, oge ngaleler panghargaan ka 2 seniman Sunda Buhun 
sareng
              2 kuncen Situs titingal karuhun.
  HBH 4, teu acan aya rarancang
  Anu kantos janten katua panata calagra dina HBH ;
  HBH 1, saderek Eko Ruska Nugraha
  HBH 2, saderek Akos Kosasih, kumargi aya halangan ditangkes ku wakilna saderek
              Nanang Tedjasukmana/Ndoel
  HBH 3, saderek Nanang Tedjasukmana
  HBH 4, teu acan aya..., aya anu kersa sukarela....?
   
  Panutup, sim abdi nandeskeun acara HBH, ti Kusnet ku Kusnet kanggo sadaya 
wargi
  Kusnet, janten teu aya sareng moal aya anu "di anak terekeun".
   
  Sakitu anu kapihatur.
   
  ssw
  anu kantos janten pamangku hajat dina HBH.
   
   


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke