Leres pisan kang, anu disebat ku akang teh kitu pisan kanyataanna. Naha ieu teh
tos mangrupikeun karakter urang Indonesia , ki sunda khususna, atanapi kumaha
tah.
Sok sanaos dina uleman disebat kangge sakumna wargi Kusnet , ih dina der na
mah sabageana atanapi sabagean ageung teh mun dina sarumpingna ge ngan saukur
sumping, teras , ngantri tuangeun, teras calik. Upami aya ningalieun nya
nongton. Upami teu aya tingalieun , nya cekap calik we dina korsi teu "aya
kapalay" nepungkeun maneh ka sisi ka gigir. Padahal sasalaman nepangkeun diri
teh pan kalebet praktekna silaturahmi. Ieu mah jauh dijugjug anggang
didongkapan , ari dina prakna ngan saukur tuang wungkul kadongkapananana teh.
Asa panghanjakalkeun. Padahal lamun teras nguriling , pancakaki mah , Insya
Allah bakal ngadeukeutkeun rejeki. ( Sakali deui, ieu kanyataan anu teu tiasa
dipungkiri. Tapi kudu kumaha atuh supaya HBH "sukses"??)
Tah ningali kanyataan sarupi kitu, sim kuring menghimbau atawa nyeluk ka
rengrengan panitia, supados tujuan silaturahmi ieu kahontal, nya ngusulkeun
supados aya panitia anu ditugaskeun nguriling nepangan kaditu kadieu. Ka
kelompok itu ka kelompok ieu.Misalna upamina aya tamu si A ti Cianjur sumping,
barang jol teh teras ditepangan ku Panitia #1 , teras ditaros , pasihan name
tag, teras diajak ngobrol sa kecap dua kecap mah. Apalkeun namina. Upami engke
si panitia #1 teh tepang sareng si B anu ti Cianjur oge, pek panitia#1 teh
nyelukan si A anu tadi tea (SKSD we ( SKSD reh Sok Kenal Sok Dekat). Der
ditepangkeun ka si B. Tos papada tepang mah keun we sina ngarobrol.
Dimana engke si Panitia #1 teh nangkep aya kasataraan sanes deui , catet,.
Misalna Si A teh ternyata kapungkur sakolana kaluaran Unpad. Teras tepang ka
tamu si C tapi ti Garut, oge kaluaran Unpad, sok sanaos Unpadna teu pati jelas.
Pok deui wae panitia #1 teh ngenalkeun si A nu ti Cianjur ka si C nu ti Garut
supados sina guntreng ngarobrol.Jadi panitia khusus ieu kedah kreatif ningali
sisi mana anu tiasa dijadikeun sisi anu sami keus sadayana kalangan tamu.
Ieu cara sapertos jelimet atanapi sesah nerapkeunana. Tapi saleresna mah teu
hese. Syaratna si panitia khusus eta kedah berusaha dengan ikhlas dan sepenuh
hate. Insya Allah keur si panitia sorangan pasti aya mangpaatna, oge keur para
tatamu bakal moal kaku jeung bareku kawas es.
Upami ngan saukur dihimbau mah , sapertos disebat dina uleman. Upamina kieu :
"Ieu uleman HBH keur sing saha wae anggota kusnet , teu diwilah wilah sareng
teu dikelompok kelompok, tiasa sarumping. Mangga ulah asa asa geura sarumping".
Tapi ari dina prakna panitiana dinilai ku para undangan sapertos saribuk
nyalira, sementara para tatamu rata-rata teu papada wawuh jeung teu aya gadag
naros kenca katuhu , ngenalkeun diri ( pan kanyataan na kitu sanes?). Aya wae
panitia anu dikenalna tapi katingalina sibuk atawa aya wae anu "jaim" ( jaim =
jaga imej. Ieu mah pangalaman sim kuring di HBH sanes), pasti suasana teh
bakal "garing", kaku jeung membosankan ceuk babasan ayeuna mah.
Kuring jadi inget waktu keur jadi ketua RT ( 10 taun lho jadi ketua teh).
Ma'lum ketua RT di komplek perumahan anyar. Masing masing warga sadayana
pendatang jeung asalna ti berbagai kalangan sosial.
Dina sababaraha kali riungan RT nu dongkap teh ngan eta deui eta deui,
paling loba 6 -7 kulawarga tina 44 imah teh. Lila lila kuring jadi apal , saha
wae jeung imah anu mana wae anu tara hadir teh. Tungtungna dina waktu
senggang, ku kuring tatangga nu tara hadir teh dianjangan. terus diajak ngobrol
, panca kaki ka ditu kadieu.Paling henteu saimah sapoe . Sanggeus wanoh pisan
waktu ditanya kunaon tara hadir kana riungan . Rereana mah alesanana teh isin
alias era jeung sajabana alesan samodel kitu anu nandakeun sagalana berfokus
kana dirina sorangan, anu ngarasa leuwih "leutik " ti batan anu sejen. Tapi
sanggeus ditepungan secara pribadi mah, satiap diajak riungan atawa kerja bakti
oge, langka anu nolak. Dimana teu bisana ge sok datang atawa nelepon
ngabejaan teu bisa hadir atawa ulubiung dina kapanitiaan dslb. Jadi sanggeus
ditepungan hiji hiji mah sakur anggapan dirina "leutik" teh leungit, gagantina
ngarasa dirina jadi bagean penting tina komunitas ka RTan
Jadi cindekna pendekatan pribadi ti para "inohong" keur para "anggota"
kuminitas awam teh penting pisan. Para anggota komunitas awam , ceuk kuring
mah lain sombong atawa teu hayang larut kana komunitas secara sautuhna ( ku
maksakeun datangna ge geus nandakeun kahayangna mah gede), tapi kulantaran aya
perasaan dirina teu penting keur batur alias minder ataw ngarasa "leutik".(
Omat lain oge para komunitas awam teh hayang dianggap penting . Lain kitu.)
Insya Allah maranehanana bakal jadi ngarasa dirina penting sanggeus ku para
inohong dianggap diri penting.Carana inohong bisa nganggap diri awam penting
teh sederhana pisan . Nyaeta ku NANYA jeung NEGUR SAKECAP DUA KECAP, sok
sanajan samasakali eta awam teh teu dikenal pisan. SKSD lah.
Nu matak kuring nyeluk, upama hiji riungan HBH hayang sukses kudu aya
panitia khusus sebagai host ( tuan rumah) anu kudu ramah ka semah anu prak
prakana teu ngawilah wilah kasasaha. Rek tamuna pejabat , atawa cacah, si host
eta kudu menservis sarua. Sarua ramah ,ikhlas jeung teu dibuat buat atawa basa
basi
Ari karereaanna mah , para penerima tamu teh mani darehdeh pisan upama nu
datangna teh pejabat atawa inohong. Ari ka inohong /pejabat mah nepi ka tempat
diukna ge khusus dianteur , tuluy ditawar itu ieu, sementara ka tamu biasa
penyambutanna ngan saukur basa basi.Para penerima tamu samodel kieu anu
biasana membuat riungan HBH jadi kaku jeung nu membuat para anggota komunitas
awam kawas nu teu aya gadag jeung kahayang.
Kitu lah pangalaman kuring nengetan kapanitiaan sababaraha kali HBH naon wae
oge.
Mudah mudahan aya mangpaatna.
Wassalam
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna tong boroning dina HBH Kusnet, ampir dina sadaya riungan,
seueurna tamu-tamu anu sarumping teu anu teu wawuh, ari sanes dina riungan
kulawargi atanapi riungan
sa-alumni mah.
Kantun kumaha urangna, bade dimana urang nempatkeun diri, naha bade nempatkeun
dina lebet eta komunitas atanapi bade nempatkeun diluar komunitas..??
Upami bade nempatkeun diri dina lebet eta komunitas, kantun solongkrong we,
derrr
ngobrol ngaler ngidul, lami-lami oge janten wanoh.
Upami bade nempatkeun diri diluar eta komunitas, tangtos sadaya tatamu teu
aya
anu wawuh, asa disapirakeun, asa janten hayam panyambungan.
ISIN bin ERA....??, nya hal ieu pisan anu kedah dipiceun, dina enggoning
ngalalanyahan "tandang makalangan", margi upami eta sifat/raraosan
digugugulung
wae, bade iraha urang tiasa jengkar kadunya luar.
Janten upami ngaraos wargi Kusnet, teu kedah rengkag-rengkog, sumping moal-
sumping moal, ari sanes aya halangan anu teu tiasa dirempag mah.
Apan dina ulemanana oge biasana kum kasadaya wargi Kusnet, tara di
wilah-wilah.
Pihatur,
ssw
ndoell [EMAIL PROTECTED]
Saleresna mah, sok aya riungan-riungan anu disebut Kopdar.
aya Kopdar anu rutin, aya oge Kopdar dadakan. Mun bade aya riungan
sok diwawarkeun di milis.
Kopdar Rutin sok diayakeun keur ngabahas pasualan-pasualan nu aya
pakuat-pakaitna jeung Kukusnetan. Ari Kopdar dadakan mah, biasana
Kopdar nu diayakeun ku baraya-baraya anu nembe sumping ti luar
Nagreg, hoyong pendak. Biasana mah pendakna di restoran atawa
ditempat umum.
Mangga, nu teu acan wanoh, nu hoyong diaku, tong asa-asa ngiringan.
Tapi sakapeung sok aya anu alesan,"Ah..asin, eh isin da teu aya nu
kenal.." Padahal mah ku riungan teh matak jadi pada-pada kenal, da
pastina oge moal disaha-saha. Estu dibageakeun pisan.
Balik deui kana tujuan ulubiung dina milis. Mun enya tea mah hayang
ngamumule basa jeung budaya sunda, teu aya lepatna mun aya kagiatan
teh ngiring aktif. Teu kudu dijujurung komo disuntrungkeun, tapi
kudu gaduh inisiatif nyalira.
Kuduna mah nya Kang,
Tong ngan saukur gagayaan marake kaos Kusnet anu aya tulisan
"HALING KU AING", ari dina prakna silih dedetkeun ka batur.
Sanes kitu ?
-dul-
kompor : hurung
Recent Activity
15
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Yahoo! Photos
Order at Yahoo!
Pick up at Target
Y! Messenger
Files to share?
Send up to 1GB of
files in an IM.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
---------------------------------
Get your own web address.
Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.