Maksad "panitia khusus " teh, nya ti urang urang keneh wae.Utamina "inohong" 
anu tos dikenal aktif dina millis ieu
  Nyaeta  pami tiasa ditunjuk sababaraha urang we ,  misalna teh Gia, kang 
Agus, kang Doel, kang Kumincir   atanapi saha wae anu sayogi ( biasana anu 
selera humorna aya sareng rada kreatif ningali celah kangge nepang nepang 
keunna para tatamu ka tatamu sejenna). 
   
  Sigana teu meryogikeun waragad samasakali . Mung ieu mah "panitia khusus" teh 
namina wungkul. Tugasna khusus nepang nepangkeun  tamu anu haladir  anu 
maksadna supados hubungan silaturahmi dina jrengna acara supados  teu karaku 
sareng  "bareku"
  .
  Namung  masalahna teh, hese pisan milari  anggota kusnet anu  tiasa 
nyayogikeun waktos , tiasa ngungkulan HBH ti awal acara dugi ka akhir acara.
   
  Nyaeta mah atuh  teu langkung bade kumaha behna eta HBH,  ieu mah  mung 
sakadar usulan . Nu kaemut ku sim kuring, sigana kitu salah sahiji  carana 
sangkan  sadaya tamu ngaraos ngagaduhan acara eta. Upami sadaya tamu tos 
ngaraos ngagaduhan acara HBH eta ( langsung jembarna ngagaduhan Kusnet) , Insya 
Allah  dina urusan kencleng  kengingna bakal nambihan. Ieu pangalaman sim 
kuring  sok sanaos sanes pas dina acara kapanitiaan HBH.
   
  Akang teu kedah tamada ka sim kuring atanapi ka sasaha dina leresan ieu mah. 
Da teu aya anu kedah dilepatkeun ka sing saha oge .
  Sakali deui usulan ieu mung sakadar usulan anu teu aya lepatna upami urang 
ilo sasarengan.
   
  Upami tos diilo teu aya  mangpaatna, nya atuh hihilapkeun we
   
  Nuhun 

"S. Siddik Wiradireja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Duka atuh upami kitu mah anu dimaksad kusalira, kedah nyayagikeun
panitia khusus kanggo ngajajap-jajap tamu sapertos dina kariaan,
raraosan mah kirang sanggeum.
Sim abdi salaku (insya Allah) calon pamangku hajat, manawi kawidian
ku MantenNa, asa moal kawaragadan kanggo nyayagikeun panitia/panampi
tatamu anu sapertos dimaksad ku salira.
Ti awalna bade tamada, neda agung nya ngamafhum jambar hapuntenna..
Janten HBH anu bade dongkap oge rarancang mah sapertos HBH-HBH anu 
tos kalangkung.

Pihatur,
ssw

dudi mulyadi [EMAIL PROTECTED]
Leres pisan kang, anu disebat ku akang teh kitu pisan kanyataanna. 
Naha ieu teh tos mangrupikeun karakter urang Indonesia , ki sunda 
khususna, atanapi kumaha tah.

Sok sanaos dina uleman disebat kangge sakumna wargi Kusnet , ih dina 
der na mah sabageana atanapi sabagean ageung teh mun dina 
sarumpingna ge ngan saukur sumping, teras , ngantri tuangeun, 
teras calik. Upami aya ningalieun nya nongton. Upami teu aya 
tingalieun , nya cekap calik we dina korsi teu "aya kapalay" 
nepungkeun maneh ka sisi ka gigir. Padahal sasalaman nepangkeun diri 
teh pan kalebet praktekna silaturahmi. Ieu mah jauh dijugjug anggang 
didongkapan , ari dina prakna ngan saukur tuang wungkul 
kadongkapananana teh. Asa panghanjakalkeun. Padahal lamun teras 
nguriling , pancakaki mah , Insya Allah bakal ngadeukeutkeun rejeki. 
( Sakali deui, ieu kanyataan anu teu tiasa dipungkiri. Tapi kudu 
kumaha atuh supaya HBH "sukses"??)
> 
> Tah ningali kanyataan sarupi kitu, sim kuring menghimbau atawa 
nyeluk ka rengrengan panitia, supados tujuan silaturahmi ieu 
kahontal, nya ngusulkeun supados aya panitia anu ditugaskeun 
nguriling nepangan kaditu kadieu. Ka kelompok itu ka kelompok 
ieu.Misalna upamina aya tamu si A ti Cianjur sumping, barang jol 
teh teras ditepangan ku Panitia #1 , teras ditaros , pasihan name 
tag, teras diajak ngobrol sa kecap dua kecap mah. Apalkeun namina. 
Upami engke si panitia #1 teh tepang sareng si B anu ti Cianjur oge, 
pek panitia#1 teh nyelukan si A anu tadi tea (SKSD we ( SKSD reh 
Sok Kenal Sok Dekat). Der ditepangkeun ka si B. Tos papada tepang 
mah keun we sina ngarobrol. 
> Dimana engke si Panitia #1 teh nangkep aya kasataraan sanes 
deui , catet,. Misalna Si A teh ternyata kapungkur sakolana kaluaran 
Unpad. Teras tepang ka tamu si C tapi ti Garut, oge kaluaran Unpad, 
sok sanaos Unpadna teu pati jelas. Pok deui wae panitia #1 teh 
ngenalkeun si A nu ti Cianjur ka si C nu ti Garut supados sina 
guntreng ngarobrol.Jadi panitia khusus ieu kedah kreatif ningali 
sisi mana anu tiasa dijadikeun sisi anu sami keus sadayana kalangan 
tamu.
> 
> Ieu cara sapertos jelimet atanapi sesah nerapkeunana. Tapi 
saleresna mah teu hese. Syaratna si panitia khusus eta kedah 
berusaha dengan ikhlas dan sepenuh hate. Insya Allah keur si panitia 
sorangan pasti aya mangpaatna, oge keur para tatamu bakal moal kaku 
jeung bareku kawas es.
> Upami ngan saukur dihimbau mah , sapertos disebat dina uleman. 
Upamina kieu : 
> "Ieu uleman HBH keur sing saha wae anggota kusnet , teu diwilah 
wilah sareng teu dikelompok kelompok, tiasa sarumping. Mangga ulah 
asa asa geura sarumping". 
> Tapi ari dina prakna panitiana dinilai ku para undangan sapertos 
saribuk nyalira, sementara para tatamu rata-rata teu papada wawuh 
jeung teu aya gadag naros kenca katuhu , ngenalkeun diri ( pan 
kanyataan na kitu sanes?). Aya wae panitia anu dikenalna tapi 
katingalina sibuk atawa aya wae anu "jaim" ( jaim = jaga imej. Ieu 
mah pangalaman sim kuring di HBH sanes), pasti suasana teh 
bakal "garing", kaku jeung membosankan ceuk babasan ayeuna mah.
> 
> Kuring jadi inget waktu keur jadi ketua RT ( 10 taun lho jadi 
ketua teh). Ma'lum ketua RT di komplek perumahan anyar. Masing 
masing warga sadayana pendatang jeung asalna ti berbagai kalangan 
sosial.
> Dina sababaraha kali riungan RT nu dongkap teh ngan eta deui 
eta deui, paling loba 6 -7 kulawarga tina 44 imah teh. Lila lila 
kuring jadi apal , saha wae jeung imah anu mana wae anu tara hadir 
teh. Tungtungna dina waktu senggang, ku kuring tatangga nu tara 
hadir teh dianjangan. terus diajak ngobrol , panca kaki ka ditu 
kadieu.Paling henteu saimah sapoe . Sanggeus wanoh pisan waktu 
ditanya kunaon tara hadir kana riungan . Rereana mah alesanana teh 
isin alias era jeung sajabana alesan samodel kitu anu nandakeun 
sagalana berfokus kana dirina sorangan, anu ngarasa leuwih "leutik " 
ti batan anu sejen. Tapi sanggeus ditepungan secara pribadi mah, 
satiap diajak riungan atawa kerja bakti oge, langka anu nolak. 
Dimana teu bisana ge sok datang atawa nelepon ngabejaan teu bisa 
hadir atawa ulubiung dina kapanitiaan dslb. Jadi sanggeus ditepungan 
hiji hiji mah sakur anggapan dirina "leutik" teh leungit, gagantina 
ngarasa dirina jadi bagean penting tina komunitas ka RTan
> Jadi cindekna pendekatan pribadi ti para "inohong" keur 
para "anggota" kuminitas awam teh penting pisan. Para anggota 
komunitas awam , ceuk kuring mah lain sombong atawa teu hayang 
larut kana komunitas secara sautuhna ( ku maksakeun datangna ge geus 
nandakeun kahayangna mah gede), tapi kulantaran aya perasaan dirina 
teu penting keur batur alias minder ataw ngarasa "leutik".( Omat 
lain oge para komunitas awam teh hayang dianggap penting . Lain 
kitu.) Insya Allah maranehanana bakal jadi ngarasa dirina penting 
sanggeus ku para inohong dianggap diri penting.Carana inohong bisa 
nganggap diri awam penting teh sederhana pisan . Nyaeta ku NANYA 
jeung NEGUR SAKECAP DUA KECAP, sok sanajan samasakali eta awam teh 
teu dikenal pisan. SKSD lah.
> 
> Nu matak kuring nyeluk, upama hiji riungan HBH hayang sukses 
kudu aya panitia khusus sebagai host ( tuan rumah) anu kudu ramah 
ka semah anu prak prakana teu ngawilah wilah kasasaha. Rek tamuna 
pejabat , atawa cacah, si host eta kudu menservis sarua. Sarua 
ramah ,ikhlas jeung teu dibuat buat atawa basa basi
> Ari karereaanna mah , para penerima tamu teh mani darehdeh 
pisan upama nu datangna teh pejabat atawa inohong. Ari ka 
inohong /pejabat mah nepi ka tempat diukna ge khusus dianteur , 
tuluy ditawar itu ieu, sementara ka tamu biasa penyambutanna ngan 
saukur basa basi.Para penerima tamu samodel kieu anu biasana 
membuat riungan HBH jadi kaku jeung nu membuat para anggota 
komunitas awam kawas nu teu aya gadag jeung kahayang.
> 
> Kitu lah pangalaman kuring nengetan kapanitiaan sababaraha kali 
HBH naon wae oge.
> 
> Mudah mudahan aya mangpaatna.
> 
> Wassalam
> 
> 
> 
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Saleresna tong boroning dina HBH Kusnet, ampir dina 
sadaya riungan, seueurna tamu-tamu anu sarumping teu anu teu wawuh, 
ari sanes dina riungan kulawargi atanapi riungan 
> sa-alumni mah.
> Kantun kumaha urangna, bade dimana urang nempatkeun diri, naha 
bade nempatkeun
> dina lebet eta komunitas atanapi bade nempatkeun diluar 
komunitas..?? 
> Upami bade nempatkeun diri dina lebet eta komunitas, kantun 
solongkrong we, derrr
> ngobrol ngaler ngidul, lami-lami oge janten wanoh.
> Upami bade nempatkeun diri diluar eta komunitas, tangtos sadaya 
tatamu teu aya 
> anu wawuh, asa disapirakeun, asa janten hayam panyambungan.
> ISIN bin ERA....??, nya hal ieu pisan anu kedah dipiceun, dina 
enggoning 
> ngalalanyahan "tandang makalangan", margi upami eta 
sifat/raraosan digugugulung
> wae, bade iraha urang tiasa jengkar kadunya luar.
> Janten upami ngaraos wargi Kusnet, teu kedah rengkag-rengkog, 
sumping moal-
> sumping moal, ari sanes aya halangan anu teu tiasa dirempag mah.
> Apan dina ulemanana oge biasana kum kasadaya wargi Kusnet, tara 
di wilah-wilah.
> 
> Pihatur,
> ssw
> 
> 
> 
> ndoell [EMAIL PROTECTED]
> Saleresna mah, sok aya riungan-riungan anu disebut Kopdar.
> aya Kopdar anu rutin, aya oge Kopdar dadakan. Mun bade aya riungan
> sok diwawarkeun di milis. 
> 
> Kopdar Rutin sok diayakeun keur ngabahas pasualan-pasualan nu aya
> pakuat-pakaitna jeung Kukusnetan. Ari Kopdar dadakan mah, biasana
> Kopdar nu diayakeun ku baraya-baraya anu nembe sumping ti luar 
> Nagreg, hoyong pendak. Biasana mah pendakna di restoran atawa 
> ditempat umum.
> 
> Mangga, nu teu acan wanoh, nu hoyong diaku, tong asa-asa 
ngiringan. 
> Tapi sakapeung sok aya anu alesan,"Ah..asin, eh isin da teu aya nu 
> kenal.." Padahal mah ku riungan teh matak jadi pada-pada kenal, da 
> pastina oge moal disaha-saha. Estu dibageakeun pisan.
> 
> Balik deui kana tujuan ulubiung dina milis. Mun enya tea mah hayang
> ngamumule basa jeung budaya sunda, teu aya lepatna mun aya kagiatan
> teh ngiring aktif. Teu kudu dijujurung komo disuntrungkeun, tapi
> kudu gaduh inisiatif nyalira.
> 
> Kuduna mah nya Kang,
> Tong ngan saukur gagayaan marake kaos Kusnet anu aya tulisan 
> "HALING KU AING", ari dina prakna silih dedetkeun ka batur.
> 
> Sanes kitu ?
> 
> -dul-
> kompor : hurung
> 
> 
> 
> Recent Activity
> 
> 15
> New Members
> 
> Visit Your Group 
> SPONSORED LINKS
> 
> Culture change 
> Corporate culture 
> Cell culture 
> Organization culture 
> Tissue culture
> 
> Got Yodel?
> Best Yahoo! Yodel
> Give us your best
> yodel and win!
> 
> Yahoo! Photos
> Order at Yahoo!
> Pick up at Target
> 
> Y! Messenger
> Files to share?
> Send up to 1GB of
> files in an IM.
> 
> 
> 
> .
> 
> 
> 
> 
> http://cikundul3.multiply.com
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Get your own web address.
> Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.
>



         

 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke