Ieu teh rek ngadu jangkrik atawa rek ngiridit teko?.
Sok atuh nu bener... he.he.he
Judul kamana eusina kamendi......
Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya oge jangkrik tiriling
sorana "tirilitiktik" (leuwih panjang batan jangkrik kalung)
awakna leutik tapi leuwih gede batan bakecet
jangkrik mikung, ieu mah anak jangkrik
jangkrik colat, sagede jangkrik kalung ngan euweuh "kalung"-na
warna coklat hawuk
awak leuwih langsing ti jangkrik kalung
ku tukang ngadu mah sok dipake ngagere jangkrik adu
On 3/23/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Jangkrik, famili
Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip simeut jeung cihcir
(ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu panjang.
Pedaran
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara
ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda pikeun
masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora
pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir
jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus
deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna
kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang,
nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu
bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.
Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa lingkunganana.
Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas (kira 60
'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung lobana 'krik-krikan'
katelah salaku Hukum Dolbear.
Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900 spésiés.
Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar peuting,
béda jeung simeut nu liar beurang.
Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia
ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun
anakna dina awak jangkrik jalu.
Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina),
atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok
diadukeun.
Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.
Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan
nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
* Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung atawa coklat, aya polét
warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na).
* Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring "tring
tring tring...", warna awakna coklat.
* Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat
belang/tutul.
* Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5 cm),
awakna ampir hideung meles.
Baca ogé
* Gaang
* Cihcir
Sumber rujukan
* Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)
Tumbu kaluar
* Intro on house crickets
* How to Raise your Own Crickets
Disalin ti " http://su.wikipedia.org/wiki/Jangkrik"
Kategori: Sato ingon | Serangga
On 3/23/07, Ahmad Toha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Aldo, biasana eta barang geus ditulisan harga. Harga kontan, Harga
> ngiridit 3 kali, 6 kali atawa 12 kali. Tinggal bebeja we ka kasir husus,
> biasana kasirna (lain kasir sato)
--
sikandar
kumincir.multiply.com
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.