ass wr wb...
bade nambihan sakedik manawi aya sasieren sabeunyereun....
Numawi eta nu janten ka bingung abdi teh.......
da eta pisan nu kadangu ti kuncen waktos jarah ka makamna teh....
da di carioskeun saurna teh, Pangeran kian santang jago pisan taya tandingna
nya anjena teh ngalang langk ka sakur tempat teu aya jawara tapi sadayana oge
teu acan aya anu tiasa ngelehkeun Pangeran Kian santang, nya anjeuna teh
ngadangu, yen aya nu bakal jadi tandingna teh di tanah arab jenenganana Ali bin
Abi thalib, nya teras anjena teh angkat ka tanah arab bade milarian di
carioskeun tos dugi we ka tanah arab (duka ngangge naon kaditun mah wallohu
alam), teras anjena tepang sareng hiji pameuget nu tos sepuh pisan bari nyandak
itek nya pangeran kian santang teh narosekun nu jenenganana Ali bin Abi thalib
teh numana sareng dimana ayana sareng bari ngajelaskeun maksud sareng tujuanana
milari Ali Bin Abi thalib teh (duka ngangge basa sunda duka ngangge basa arab,
teu di jelaskeun) , teras eta sepuh teh kalah gumujeng teras ngawaler kie, sok
ku kuring bakal di bejaan dimana sareng nu mana ari ali bin abi thalib teh,
tapi samemeh kuring ngebajaan pang nyabutkeun heula iye itek, terus eta itek
nu tadi di ceuceupeng teh di tanjebkeun kana bumi, teras pangeran kian santang
nyobian nyabut eta itek, tapi tos ngerahkeun sadaya kadigjayaanana eta itek teh
teu kacabut, nya akhirna pangeran kian santen sumerah (taluk) ka eta sepuh ,
teras anjeuna naros ari salira teh saha, nya teras eta sepuh teh ngawaler yen
anu diteangan teh taya lian eta sepuh nu tos aya di payunen Pangerang Kian
santang. nya tidanya we diajar.
tah kitu kinten kinte... ari leres hentena mah duka tepatos terang, punten ka
sadayana, pami pemendak abdi tebih tina leres..... da sadayana oge mung beja
sareng eucek.... (wallohu alam)
hatur nuhun wasslam
SP
----- Original Message -----
From: Narayana Adipranata
To: [email protected]
Sent: Thursday, March 22, 2007 1:20 PM
Subject: Hal: [Urang Sunda] Prabu Kuncung Putih
Punten upami teu lepat mah antawis Kian Santang gelarna sanes Prabu.
Anjeuna mah gelarna Pangeran. Teras ngeunaan Islamna Kian Santang, naha enya Ku
Ali bin Abi Tholib? Pan upami ditilik tina taun hirup eta 2 tokoh asa tebih
pisan bentenna. Ali dina taun 600an Masehi. ari Kian Santang pan meureun
sajaman sareng Prabu Siliwangi sekitar taun 1300-1400an....punten kasadayana
pang ngoreksikeun upami aya nu lepa!!!!!!!!!!!!
----- Pesan Asli ----
Dari: Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 22 Maret, 2007 12:53:13
Topik: RE: [Urang Sunda] Prabu Kuncung Putih
diiringan ku goong...
wahai sang satria pinandita naha juragan teu maos tingal koreksi ti putri
rita mulyati
yen kecap 'leupat" teh lepat....keung, keung.keung. ..sora goong narikan.
halah
-----Original Message-----
From: Satria Pinandita [mailto:satriapinan [EMAIL PROTECTED] com]
Sent: Thursday, March 22, 2007 12:39 PM
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Prabu Kuncung Putih
Pami teu Leupat mah, Sunan Rahmat tea sanes, atanapi Prabu Kian Santang
putrana prabu silihwangi nu islamna ku Syaidina Ali ra....
tapi pasti na mah duka tah teu acan pasti....
----- Original Message -----
From: Firman Juliansyah
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, March 22, 2007 11:01 AM
Subject: [Urang Sunda] Prabu Kuncung Putih
Wilujeng wayah kieu!
Manawi aya nu uninga perkawis sajarah Prabu Kuncung Putih,
diantos pisan partisisapina. Nu ku sim kuring dipikaterang mah mung yen
pajaratan anjeunna aya di Kampung Cikancung, Pangatikan, Garut.
----------------------------------------------------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!