bilih bade maca lengkepna wawacan Gagak Lumayung anu ngadadarkeun carita Pangeran Kean Santang, mangga buka http://wikisource.org/wiki/Wawacan_Gagak_Lumayung
On 3/23/07, Satria Pinandita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
da eta pisan nu kadangu ti kuncen waktos jarah ka makamna teh.... da di carioskeun saurna teh, Pangeran kian santang jago pisan taya tandingna nya anjena teh ngalang langk ka sakur tempat teu aya jawara tapi sadayana oge teu acan aya anu tiasa ngelehkeun Pangeran Kian santang, nya anjeuna teh ngadangu, yen aya nu bakal jadi tandingna teh di tanah arab jenenganana Ali bin Abi thalib, nya teras anjena teh angkat ka tanah arab bade milarian di carioskeun tos dugi we ka tanah arab (duka ngangge naon kaditun mah wallohu alam), teras anjena tepang sareng hiji pameuget nu tos sepuh pisan bari nyandak itek nya pangeran kian santang teh narosekun nu jenenganana Ali bin Abi thalib teh numana sareng dimana ayana sareng bari ngajelaskeun maksud sareng tujuanana milari Ali Bin Abi thalib teh (duka ngangge basa sunda duka ngangge basa arab, teu di jelaskeun) , teras eta sepuh teh kalah gumujeng teras ngawaler kie, sok ku kuring bakal di bejaan dimana sareng nu mana ari ali bin abi thalib teh, tapi samemeh kuring ngebajaan pang nyabutkeun heula iye itek, terus eta itek nu tadi di ceuceupeng teh di tanjebkeun kana bumi, teras pangeran kian santang nyobian nyabut eta itek, tapi tos ngerahkeun sadaya kadigjayaanana eta itek teh teu kacabut, nya akhirna pangeran kian santen sumerah (taluk) ka eta sepuh , teras anjeuna naros ari salira teh saha, nya teras eta sepuh teh ngawaler yen anu diteangan teh taya lian eta sepuh nu tos aya di payunen Pangerang Kian santang. nya tidanya we diajar. tah kitu kinten kinte... ari leres hentena mah duka tepatos terang, punten ka sadayana, pami pemendak abdi tebih tina leres..... da sadayana oge mung beja sareng eucek.... (wallohu alam)
-- sikandar kumincir.blogspot.com

