Nu disebut ceting na milis teh, nu mostingan jiga ceting.
sakecap dua kecap, silih tempas, jiga nu ngobrol.

Tah punten baraya...wayahna sing karunya kanu akses internetna
ngeteyep, bisi beurateun, hanas dibukaan, sihoreng nu ceting.
Anu masih keneh Kiki-tuan, wayahna disintreuk..

Nu resep ngobrol bari heureuy, mangga nongkrong di milis
Gang Leboy, anu sakumaha di pedarkeun ku Kang Toni Sofyan,
anu janten Gege-dugna.  

Ngan tong reuwas mun imelna murubul, da eusina ge ge murupus wungkul,
100% heureuy. Saratna gampil : ulah pundukan eh...pundungan.

Mangga, wilujeng ka warung...

heu heu
(pasti aya nu jebi...)

-dul-



--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.,
> 
> Wilujeng wayah kieu baraya sadayana..saalam dunya saalam 
maya,SaSunda.....
> Wilujeng patepang sareng simkuring tukang Ceting dina milis..(tapi 
di 
> milis paranti ceting da') he..he...
> simkuring bade Umajak ka parawargi sadayana kanu resep Ceting 
alias 
> ngobrol dina milis..
> sareng anu teu gaduh pasilitas YM ti Kantorna...tapi hoyong 
ngobrol, 
> hoyong langkung nyaketkeun
> tali babarayaan ku jalan ngobrol silih tempas, silih eledan, silih 
gonjak 
> silih duedeuh pikanyaah...
> terutami ka member milis anu arenggal....mangga dihaturanan 
linggih di 
> milis <[EMAIL PROTECTED]> 
> atanapi alamat web na di :http://groups.yahoo.com/group/gankleboy/
> sok disebat oge Warung, dimana hiji warung tempat ngadu bako bari 
ngopi di 
> lembur, lemburna mah nyaeta KUSnet tea...
> matakna disebatna babakan di Milis Urang Sunda mah....
> Gankleboy teh milis na Urang Sunda nu  KUSnet keneh,namung special 
kanggo 
> ngobrol...
> da' anggota na oge sami masih anggota KUSnet/anggota milis Urang 
Sunda...
> 
> Hayu atuh urang mimitian upami bade saukur ngobrol 
> ngaler,ngidul,ngulon,ngetan mah mendingan yu' di warung...yu'...!!
> keun dimana urang gaduh kasarieusan keur dipadungdengkeun,utamana 
keur 
> ngamajukeun urang Sunda...jeung
> kamaslahatan UrangSunda mangga di milis 
<[email protected]> ieu 
> tempatna.
> 
> bilih bade lebet ka GankLeboy tiasa ngintun serelek(Serat 
> Elektronik=E-mail) kosong ka : <gankleboy-
[EMAIL PROTECTED]>
> bade nomail/web only atawa ninggalian sareng ngabales serelek tina 
web na 
> wungkul :<[EMAIL PROTECTED]>
> bade eureun langganan tina gankleboy 
> :<[EMAIL PROTECTED]>
> 
> Kaituna mah kahoyong na mah, malahan lamun hiji bahan 
padungdengan  tos 
> teu nyambung kana jejer mimiti,
> atawa tos aya indikasi kana chating, tiasa dipindahkeun wae 
obrolanana ka 
> nu disebut warung tea.....tapi da' teu sadayana
> ieu member nu kersa janten member di Gankleboy oge, padahal kuring 
> saparakanca gaduh kahoyong ieu milis
> UrangSunda(KUSnet) Jadi Milis nu tartib.
> 
> hapunten bilih aya kalepatan dina ieu postingan...nu tiasa 
ngaraheutkeun 
> manah para wargi...
> neda agung cukup lumur neda sing dihapunten sagalarupi kalepatan 
jisim 
> kuring...
> 
> Wassalam.
> baktosna,
> 
> -Rengrengan  Moderator GL-
> 
> 
> ===================================
> Toni Sofian
> 
> PT. Mitsubishi Chemical Engineering Indonesia
> Bekasi Site Office
> Kawasan Industri YKK
> Kp. Meriuk - Ds. Gandasari
> Cikarang Barat- 17520
> West Java - Indonesia
> Phone    : +62-21-88371981-3
> Fax      : +62-21-88371979
> E-Mail   : [EMAIL PROTECTED]
>


Kirim email ke