Kang Ndoel,
  Jalmi samodel kang Ely mah moal betah atawa bisa jadi pagawe  batur atawa 
jadi bawahan batur. Kompetensina saheulaanan mah ngan saukur  bisa ngomporan 
batur.
  Naon anu dicaritakeunana teh fakta ( pangalaman manehna) atawa imajinasi 
manehna , keur kuring mah teu penting.
  Nu penting, naon anu dicaritakeun ku manehna jadi sumber inspirasi pikeun 
introspeksi diri.
  Boga duit teu boga duit, boga gawe  atawa teu boga gawe pikeun kang Ely mah  
happy happy wae. Mungkin leuwih merdeka hirupna ti batan urang anu "boga " gawe 
( lamun bener kang Ely teu "boga gawe").
  Lamun nengetan kana omongannana  mah, kang Ely  teu jadi beban keur sasaha.
  Beda jeung para lulusan sakola atawa sarjana anu ayeuna masih ngalalanggur.
  Para sarjana anyar mah   jadi beban nagara , salila maranehanna teu bisa 
motekar dina kaayaan nagara samodel ayeuna.
  Timana jeung ti saha  wae datangna  caritaan atawa ide, sakuduna mah teu kudu 
dipermasalahkeun, komo nepi ka dilihat dengan sebelah mata mah. Nu penting mah 
eusi caritaan/tulisan kang Ely  eksentrik , beda jeung batur. pikeun kuring mah 
jadi inspirasi pikeun kamajuan urang sararea .
  Nuhun ah kang Ely, sok sanajan tulisan akang teh matak panas ceuli ngadengena.
  
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          tukang kompor datang deui geuing.
kamana wae Jang ? geus lila tara sok katempo ngorong.
kumaha kabarna, cageur ? Owh acan ?
sukur atuh ari acan mah...

Naha geuning postingna sabulan sakali ayeuna mah ?
Teu boga duit keur ka warnet nya ? Kalunya teuing.
yeuh Jang, matakna gawe geura, meh boga duit. 
Jadi bisa ka warnetna rada mindeng. Ieu mah gawe teh ngan 
ngaheureuyan wae domba sih...
kade ah, bisi domba-na bogoheun.

Heu..heu...

-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
> 
> Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari 
jeung teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh 
kuli nepi ka wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-
bumen didaerah bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, 
kucel, kumel daerah Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge 
teu hilap akang anu nuju sakola adminsitrasi diluar negri anu 
engkena janten MBA (Master Bari Andekak), atuh ka nonoman sunda nu 
karasep anu gareulis, anu mahasiswa anu mahasiswi, anu ngalanggur 
mang taun-taun anu resep mukaan www.lalatX.com, nya kitu oge anu 
pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina palay janten pejabat, duh 
cape yeuh ditataan hiji-hijimah, kasadayana we urang Sunda nu 
pangangguran lebet ieu milist. Pribados bade ngadongeng, kieu 
dongengna.
> 
> Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, 
sabab jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling 
gampang, kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa 
Inggris supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua 
saeunggeus basa Indonesia. 
> 
> Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama 
otomatis matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi 
sabangsana, artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel 
dina letah. Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak 
usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel 
kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda 
dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus 
disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu 
dominan. Nu pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti 
ngomong sunda jeung baturna.
> 
> Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan 
modern bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu 
jadi babu di mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, 
bayangkeun ku bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, 
tina ngababu di orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak 
sabulan, atawa di orang cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, 
waktu ngababu di Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 
1000/bulan kira-kira 9 juta perak sabulan.
> 
> Loba contona pentingna basa inggris teh. 
> 
> Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama 
di Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna 
kapaksa kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. 
> 
> Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang 
pasar rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan 
tahun (pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam 
and Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi 
basa Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna 
di hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa 
inggrisna norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi 
orang Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh 
anjeuna nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu norolang, eh tidinya 
der limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa 
Sunda, malah der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi 
oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak kayungyun bule ngabodor make 
basa sunda, kutan teh manehna tahunan di Sukabumi (janten peneliti 
geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, putra-putrana oge basa 
sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah perpaduan
> USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh 
matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna 
ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada 
jorang, 
> 
> Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu 
janten da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA, 
mangga we search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna 
dugi ka Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna 
sukses "menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini.
> 
> Balik deui kana basa Inggris.
> 
> Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang 
muka diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung 
di UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun 
ngelmuna ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya 
wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas 
Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun 
nonoman beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna 
nya masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun 
pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi nya balik deui 
jadi ngored ata ngebon cara tradisional tea. Atuh pejabatna paling 
luhur jiga kang Sidik anu kurung batok, anu teu bisa mencar (basa 
budak ayeunama Creative and Inovative), anu teu leuwih ti jadi 
pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba kasieun, saurna oge ka 
atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi tiasa emam, naek 
pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang pensiun
> di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
> 
> Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di 
Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning 
titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun 
dibayar UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu 
atawa surfing lalatX.com.
> 
> Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang 
ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut 
saderek Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan 
jelema beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang 
Sidik eh punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu 
ngorehan timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk 
pajak . Omat kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh 
duit upeti ti Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran 
masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona ti urang sunda, jadi can 
berkutik diperes ku pemerintah pusat teh. karunya lah.
> 
> Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman jsb. 
Sakola teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang 
hak anu sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua 
keur ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna 
keur masayrakatna.
> 
> Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? 
> 
> Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, 
lain lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu 
dibangun kalah ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis 
mecenghul lamun setiap masyarakatna digawe. Ieu geura contona di 
garut aya Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? 
ITB wae anu kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 
250 dinya ukuran dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we 
berdirimah da enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para 
lulusan PT anu rada OK, anu harayang jaragi guru di paguron luhur, 
keun we di paguron asal jadi oge. Atuh ayeunamah urang mikir 
kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna ngan sakitu-kituna, 
ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber aslina dan teu 
becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah ngarangon meri wae 
kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe pemda.
> 
> Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu 
mikir ..........
> 
> Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga 
USNET anu pangangguran tea.
> 
> wass
> Elly Evalita.
> 
> 
> 
> 
__________________________________________________________
_______________
> Never miss an email again!
> Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
> http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
>



         

 
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.

Kirim email ke