hahahahahaha
aya kuhade ieu tulisan
kela naha ieu teh akang atanapi teteh ?

nepangkeun sim kuring wasta surya
buburuh jadi karyawan pabrik di cikarang
dua tahun kamari mah
nyobian usaha sampingan
jadi tukang ngangon meri
ngan kumargi karunya ka pun bapa
digentos usahana kana icalan sangu

lamun ceuk simkuring
naon anu disebatkeun ku anjeun teh sae
anjeun gaduh pamadegan nu lumayan sae
ngan nya kitu tea,
urang salaku jalmi ngan saukur bisa nilai
bisa ngarencana jeung sajabana
praktekna mah teuing
loba ku inggis, loba hal anu ngabatasan urang
tah kumargi kitu,
dupi anjeun nyalira, anu tos kuralang-kuriling kamana-mana
anu tos tiasa ninggal kasaean nagara deungeun
naon anu tos dipilampah kangge nagara ?
naon anu tos dipilampah kangge urang sunda ?
tong ngan saukur nyundutan wargi di Babakan ?
da di babakan mah, sanes teu ngartos
pentingna bahasa inggris,
tapi kan urang teh boga rencana, boga tujuan nu dipikahayang
sarta boga pamadegan jalan mana nu dek dipilampah.

tah perkawis kahoyong anjeun, cikan
boga ideu naon nu bisa dipilampah ku anjeun sorangan
jang ngamajukeun Urang sunda umumna
Wargi kusnet khususna


baktos
Surya
Tukang Meri





  --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
  > 
  > Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari 
  jeung teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh 
  kuli nepi ka wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-
  bumen didaerah bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, 
  kucel, kumel daerah Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge 
  teu hilap akang anu nuju sakola adminsitrasi diluar negri anu 
  engkena janten MBA (Master Bari Andekak), atuh ka nonoman sunda nu 
  karasep anu gareulis, anu mahasiswa anu mahasiswi, anu ngalanggur 
  mang taun-taun anu resep mukaan www.lalatX.com, nya kitu oge anu 
  pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina palay janten pejabat, duh 
  cape yeuh ditataan hiji-hijimah, kasadayana we urang Sunda nu 
  pangangguran lebet ieu milist. Pribados bade ngadongeng, kieu 
  dongengna.
  > 
  > Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, 
  sabab jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling 
  gampang, kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa 
  Inggris supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua 
  saeunggeus basa Indonesia. 
  > 
  > Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama 
  otomatis matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi 
  sabangsana, artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel 
  dina letah. Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak 
  usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel 
  kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda 
  dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus 
  disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu 
  dominan. Nu pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti 
  ngomong sunda jeung baturna.
  > 
  > Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan 
  modern bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu 
  jadi babu di mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, 
  bayangkeun ku bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, 
  tina ngababu di orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak 
  sabulan, atawa di orang cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, 
  waktu ngababu di Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 
  1000/bulan kira-kira 9 juta perak sabulan.
  > 
  > Loba contona pentingna basa inggris teh. 
  > 
  > Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama 
  di Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna 
  kapaksa kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. 
  > 
  > Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang 
  pasar rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan 
  tahun (pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam 
  and Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi 
  basa Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna 
  di hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa 
  inggrisna norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi 
  orang Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh 
  anjeuna nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu norolang, eh tidinya 
  der limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa 
  Sunda, malah der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi 
  oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak kayungyun bule ngabodor make 
  basa sunda, kutan teh manehna tahunan di Sukabumi (janten peneliti 
  geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, putra-putrana oge basa 
  sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah perpaduan
  > USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh 
  matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna 
  ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada 
  jorang, 
  > 
  > Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu 
  janten da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA, 
  mangga we search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna 
  dugi ka Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna 
  sukses "menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini.
  > 
  > Balik deui kana basa Inggris.
  > 
  > Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang 
  muka diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung 
  di UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun 
  ngelmuna ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya 
  wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas 
  Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun 
  nonoman beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna 
  nya masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun 
  pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi nya balik deui 
  jadi ngored ata ngebon cara tradisional tea. Atuh pejabatna paling 
  luhur jiga kang Sidik anu kurung batok, anu teu bisa mencar (basa 
  budak ayeunama Creative and Inovative), anu teu leuwih ti jadi 
  pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba kasieun, saurna oge ka 
  atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi tiasa emam, naek 
  pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang pensiun
  > di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
  > 
  > Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di 
  Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning 
  titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun 
  dibayar UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu 
  atawa surfing lalatX.com.
  > 
  > Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang 
  ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut 
  saderek Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan 
  jelema beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang 
  Sidik eh punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu 
  ngorehan timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk 
  pajak . Omat kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh 
  duit upeti ti Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran 
  masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona ti urang sunda, jadi can 
  berkutik diperes ku pemerintah pusat teh. karunya lah.
  > 
  > Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman jsb. 
  Sakola teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang 
  hak anu sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua 
  keur ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna 
  keur masayrakatna.
  > 
  > Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? 
  > 
  > Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, 
  lain lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu 
  dibangun kalah ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis 
  mecenghul lamun setiap masyarakatna digawe. Ieu geura contona di 
  garut aya Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? 
  ITB wae anu kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 
  250 dinya ukuran dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we 
  berdirimah da enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para 
  lulusan PT anu rada OK, anu harayang jaragi guru di paguron luhur, 
  keun we di paguron asal jadi oge. Atuh ayeunamah urang mikir 
  kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna ngan sakitu-kituna, 
  ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber aslina dan teu 
  becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah ngarangon meri wae 
  kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe pemda.
  > 
  > Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu 
  mikir ..........
  > 
  > Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga 
  USNET anu pangangguran tea.
  > 
  > wass
  > Elly Evalita.
  > 
  > 
  > 
  > 
  __________________________________________________________
  _______________
  > Never miss an email again!
  > Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
  > http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
  >






------------------------------------------------------------------------------
  No need to miss a message. Get email on-the-go 
  with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.

   

Kirim email ke