Bener bah.., sok sanajan kuring oge kadang sok ngarasa panas ceuli ku postingan teh/kang Ely jeung kadang oge sok aya nu kahartina tapi hanjakal manehna teh leutik burih geuning teu wani terus terang saha manehna nu sebenerna. kaduana lamun postingan rek ngabahas hiji pasoalan ulah make conto bari jeung nyebut ngaran batur komo nyontokeunana ku nyebut kagorenganana (sok sanajan loba salahna jeung kanyataan). rek ngabahas hiji pasoalan mah pek teh teuing tapi ulah bari disamaraan/dibumbuan ku bari nyebut ngaran hiji baraya bari jeung nyebut si A anu itu ieu tea, sabab ku nyebut ngaran batur bari jeung nyebut si A anu itu/ieu tea eta can tangtu benerna jadi bisa disebut gues su'udzon ngarana.
sok ah...! leuwih hadi terus terang heula saha anjeun nu sabenerna ulah ngadon nyumput buni dinu caang ngarah puguh ka hareupna lamun enya anjeun aya kawani. kuring yakin asma ely evalita lain ngaran sabenerna.... cag ah...., "kkbm'69" -geuning postingan teh nga sabulan sakali...? sibuk atawa teu aya modal..., oh...sibuk keur neangan modal nya...hehehe.. On 3/26/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna, > > Para kuncen ...kuring protes euy, sabab ELY EVALITA lamun posting > sok "dibumbuan" ku sebat-sebut ka baraya Kusnet (kaasup ka kuring) ku > istilah nu kurang merenah. Teu pantes, da heureuy oge aya dina > tempatna. Lamun arek padungdengan (diskusi), padungdengan we teu kudu > nyebut masalah pribadi sagala. Sabab teu adil, ari kuring, Ua Siddik, > Teh Ika jeung nu sejenna nu disebut-sebut dina postingna, teu make > aran samaran jeung deuih di dunya nyata, warawuh. Tapi ELY EVALITA, > saha manehna teh? nyumput make aran samaran? Teu lucu ah .... > > Lamun kieu carana, Kuring, Ua Siddik, Teh Ika oge bisa wae make aran > samaran, ngomong kaditu-kadieu, nyaleksek-nyaleksekkeun batur. Tapi > keur naon? > > Kuring inget, baheula waktu Kunset mimiti ngadeg, kang Agus Her usul > anggota tong make aran samaran, komo nu anyar mah. Baheula mah > ditarurut, Kang Syam Ridwan we, nu tadina make aran "Karuhun Betawi" > langsung ngarobah ku namina aslina, padahal sarerea oge apal eta teh > kang SR. > > Lamun teu salah tujuan Kusnet teh pangpangna silahturahmi jeung silih > simbeuhan dina kanyaho, sugan aya mangfaatna. Lain ngaguruan batur, > ditambahan deuih ngenye batur..... > > Cik baraya, naha KUSNET perlu anggota nu model kieu? urang SUnda kudu > gede kawani, lain "maledog" bari nyumput! > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > >

