Aduh uwa sapuklah talapung bae anu kitumah siga anu teu nyaho kana tatakrama 
kasundaan bae.
   
  WAG

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Sim abdi mah moal panjang-panjang mairanana
  ieu milis diayakeun pikeun ngumulule kaSundaan, hartosna ;
  - pikeun wargi Sunda anu reueus kana kaSundaanana, 
  - wargi/etnis non-Sunda anu hoyong Nyunda.
  upami saderek Ely teu resep/prustasi janten urang Sunda/ijid ka Sunda, saena
  kaluar we ti ieu milis, sa teu acan ditalapung ti ieu milis.
   
  ssw 

waluya56 [EMAIL PROTECTED]
      Para kuncen ...kuring protes euy, sabab ELY EVALITA lamun posting 
sok "dibumbuan" ku sebat-sebut ka baraya Kusnet (kaasup ka kuring) ku 
istilah nu kurang merenah. Teu pantes, da heureuy oge aya dina 
tempatna. Lamun arek padungdengan (diskusi), padungdengan we teu kudu 
nyebut masalah pribadi sagala. Sabab teu adil, ari kuring, Ua Siddik, 
Teh Ika jeung nu sejenna nu disebut-sebut dina postingna, teu make 
aran samaran jeung deuih di dunya nyata, warawuh. Tapi ELY EVALITA, 
saha manehna teh? nyumput make aran samaran? Teu lucu ah ....

Lamun kieu carana, Kuring, Ua Siddik, Teh Ika oge bisa wae make aran 
samaran, ngomong kaditu-kadieu, nyaleksek-nyaleksekkeun batur. Tapi 
keur naon? 

Kuring inget, baheula waktu Kunset mimiti ngadeg, kang Agus Her usul 
anggota tong make aran samaran, komo nu anyar mah. Baheula mah 
ditarurut, Kang Syam Ridwan we, nu tadina make aran "Karuhun Betawi" 
langsung ngarobah ku namina aslina, padahal sarerea oge apal eta teh 
kang SR.

Lamun teu salah tujuan Kusnet teh pangpangna silahturahmi jeung silih 
simbeuhan dina kanyaho, sugan aya mangfaatna. Lain ngaguruan batur, 
ditambahan deuih ngenye batur.....

Cik baraya, naha KUSNET perlu anggota nu model kieu? urang SUnda kudu 
gede kawani, lain "maledog" bari nyumput!

Baktos,
WALUYA



  .
 



  http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
  

         

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke