nuhun kang. enya eung, beuki deui teh beuki rusak gening. kantos ngiring kempel acara Forum Musyawarah Masyarakat Sunda (Formas) di geologi. golkar masih kuat di jabar-puguh we da boga modal 30an tahun jadi pangawasa- pdi nu meunang pemilu, calona eleh. sanaos pangsiunan jenderal (tayo tarmadi urang karawang) da wakilna rudi harsya tanaya, sanajan mualaf, eleh.
mun nganggek politik bandung lautan api mah, sigana kieu: daripada rusak ku batur, mending rusak ku urang. hehe. calo teh teu ngan ukur di terminal atawa properti wae ayeuna mah, tapi pikeun pajabat. partey teu ngurus atawa ngabina kader jadi pajabat, tapi milari ka luar nu loba duit. hehe muhun tos rada lami tara nyimpang. da sok rada wengi wae mulangna. nuju nyerat, oge susu ganan, bade sakola deui mj http://geocities.com/mangjamal > Muhun Mang Jamal, nyaeta ngersakeun soteh atuda matak rieut geuning > ngabandungan wacana dina koran atanapi diskusi soal kapamingpinan sunda > teh, ari ide sakapaeung sok harebat, tapi koceplakna mah eta deui eta > deui. Komo aya harewos bojong, aya partey anu narif ratusan juta keur sing > saha anu hayang nyalonkeun gubernur...........pan edun tah. kabayang > meureun mun kapilih teh makmekmek ngarewodan APBD keur ngagantianana. > Asa tos heubeul Mang Jamal tara laha loho ka cupumanik, ka mana wae? > Ngeureuyeuh novel sigana nya......... > > > --------------------------------- > No need to miss a message. Get email on-the-go > with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.

